A.
Identitas Buku
1)
Judul Buku : Patepung di Bandung
2)
Karangan : Taufik Faturohman
3)
Penerbit : CV Ceger Sunten
4)
Jumlah Kaca : 112
Kaca
B.
Ringakasan Carita/Buku
:
Patepung di Bandung
Geus lila Ema téh
hayang pindah imah, hayang ngabrangbrangkeun haté. Dua bulan ka tukang Ema
nyarita ka kuring. “Kondi mun Ema pindah, maneh rék ngilu saha? Ema atawa
Bapa?” ceuk Ema. Kuring icing, teu méré jawaban. Kahayang kuring mah, Ema jeung
Bapa téh teu kudu papisah. Panghasilan bapa ayeuna teh meuni samporét pisan,
kulantaran éta Ema teh hayang papisah. Kuring sok inget basa jaman Bapa keur
jaya, jaman potrét kelir can ngaranjah désa, panghasilan Bapa motrét leuwih ti
cukup. Sok nyésa, da hanteu gareyek kulawarga kuring mah, da ngan ukur opatan!
Ema, Bapa, kuring, jeung Kang Odong.
Bari ngadon bapa
ngider, Ema muka warung hareupeun imah. Dagangan na sabangsa dahareun asakan,
babakuna kadaharan barudak. Nu pangpayuna téh céndol jeung baso, komo deui mun
keur usum dibuat mah cendol pangpayuna. Sok resep nempo duit dina méja téh. Kuring
jeung Kang Odong sok kabagéan duit, kadang saratus, kadang ogé dua ratus. Ngan
Kang Odong mah sok tara sugema ku paméré Ema, sok hayang baé tilu ratus.
Kang Odong teu
ngalanjutkeun ka SMP. Horéam cenah. Ku Bapa mindeng di jungjurung ogé, manéhna
keukeuh mugen. Bapa bosen ngajungjurung Kang Odong, da jang naon atuh sakola
ari lain kahayang sorangan mah, kalebar-lebar duit. Ti basa SD gé Kang Odong
mah osok bolos sakola. Malah keur kelas genep manéhna nyandu kana udud. Anu
matak pantes manéhna hambur kana duit téh. Ari kana udud geus nyandu, ari
panghasilan can boga. Kuring sok nénjo Kang Odong, nyokot duit dina sorog
warung. Ku kuring tara dibejakeun ka Ema, kusabab sieun manehna ngakalakeun.
Kang Odong teu daekeun néangan duit, sapopoé na ukur ulin jeung ulin deui.
Hiji mangsa, datag si
Tokeh muka toko potrét. Puguh baé si Tokeh jaya, kulantaran manéhna motrét maké
pilem kelir, loba langganan bapa anu parindah. Akhirna Bapa pindah motrétna
ngaggunakeun pilem kelir. Sanajan geus diganti ogé anggeur baé usaha Bapa téh
teu jaya. Bangkrut baé usaha Bapa. Bapa uleng mikir néangan lahan usaha séjén. Bapa ngajual
tustél, duitna dibeulikeun kana roda baso Ari duit céngcéléngan meunang
ngumpulkeun Ema ti baréto béak dipaké hirup sapopoé sabot usaha motrét Bapa
tiiseun.
Bapa dagang baso
diburuan SMP. Pasapon anu muka warung
tukangeun sakola ngarasa kaéléhkeun ku Bapa, da loba nu meuli baso. Jigana baé
éta pasapon ngalapor kana Kapala Sakola sangkan Bapa sabalad-balad teu diidinan
dagang di dinya. Bapa beuki baé putus asa. Hiji poé Bapa kapanggih jeung Mang
Janta. Mang Janta ngajak Bapa ka Jakarta, ngadon kuli némbok dina salahsahiji parusahaan
bangunan. Bapa daékkeun.
Lima poé saprak Bapa
indit, aya ambulan eureun di hareupeun imah. Eusina, Bapa ngajolopong dina
blangkar disimbut lawon belang. Ceuk Mang Janta, cenah Bapa téh ragrag basa keur
némbok di tingkat dua! Hadéna teu ragrag tina lantai tilu. Ema nyegruk ceurik
bari nalaeukeuman blangkar. Ti harita saprak ragrag bapa tara gawé deui. Ngan
ukur saré, dahar, jeung diuk kagiatan sapopoé Bapa téh. Ema nagarasa keseleun,
kusabab Bapa teu daék baranggawé. Kahirupan kuring ayeuna, sangsara pisan.
Dahar ogé ngandelkeun paméré batur. Sagala parabot geus dijual pakeur hirup
sapopoé. Nepi ka eusi imah ngan kari ranjang paranti saré Ema jeung Bapa, korsi
baé sasetél deui. Kuring jeung Kang Odong mah cukup saré dina amparan samak
dilapis ku kasur lépét.
Nempo kaayaan kitu,
teuing sétan naon anu ngarasuk kana hate indung kuring, Ema mindeng kadéngé
ngajéléjéh Bapa. Geus bosen asana Ema nyarita “eweuh guam,” atawa “eweuh
gadag,: ka Bapa. Pamungkas, sanggeus sarébu sétan meungpukeun haténa, Ema ménta
papisahan. Bapa ngan bisa tungkul, ngadéngé paménta Ema kitu. Jigana nolak
jeung hanteu ogé eweuh mendingna. Mun ditolak, bisa jadi Bapa geus ngarasa
bosen digambréng jeung dijélejéh ku Ema. Ari diturutkeun, meureun ngarasa
salempang pédah pipisahan téh bakal ngorbankeun anak. Eweuh jalan séjén anu
bisa diturut ku Bapa, iwal tungkul jeung tungkuk baé.
Tapi ahirnama teu
burung laksana kahayang téh. Sanggeus paséa rongkah, Ema jeung Bapa mangadep ka
panggilan agama. Pipisahan teu bisa disingkahan. Aya émbohna kaputusan ti
pangadilan aga téh. Bapa kudu mangnyieunkeun imah pakeur Ema. Ari kuring diajak
pindah ku Ema, kuring ngan bisa gideg. Kuring jeung Kang Odong geus sapakat rék
maturan Bapa, keun sakali-kalieun kuring jeung Kang Odong nganjang ka Ema.
Sanggeus ditinggaleun
ku Ema, karasa pisan ripuhna. Ari Kang Odong mindeng abur-buran. Demi gawéna
ngan ider-ideran baé milu kana treuk sampeu bogana Si Akiw, babah nu geus
puluh-puluh taun bubuara di kampung kuring ngadon muka pambrik aci. Kang Odong
ayeuna mah gédé ambek, kuring salah saeutik dicarékan. Kungsi keur itu sirah
kuring didegungkeun kana tembok, pédah nyeuseuh baju teu bener.
Nempo kaayaan bapa
kitu, hadéna loba anu barangbéré. Kuring ngan ukur bisa ngoyéh di susukan,
ngadon ngala remis jeung tutut. Keur
deungeun sangu angkanan. Kadang-kadang sok nékrokan pucuk sampeu atawa génjér.
Kuring gé osok ngala huut badag ti panggilingan paré, dikunjalan dina karung
urut gemuk. Sakarugna téh payu lima ratus perak. Huut badag téh keur gaganti
suluh jeung dadampar kandang hayam.
Hiji poé Kang Odong
nyarita ka Bapa, yén manéhna diajak ngenékan ku Mang Pidin. Eta ajakan téh
ditarima ku Kang Odong. Panghasilan Kang Odong dina ngenékan téh, lumayan bisa
ngabantu ékonomi kulawarga ayeuna. Hiji poé, kuring nyempetkeun ulin ka imah
Ema, kasampak aya semah lalaki. Dedeg pandegna sembada. Jigana handapeun Bapa
saeutik umurna téh. Basa dibejakeun ka Bapa yén aya semah lalaki di imah Ema,
Bapa tuluy kerung. Teuing mikiran naon. Hayang pisan nanyaann, naon nu aya dipikiran bapa téh, ngan kuring teu wani.
Aya beja, cenah Ema téh
kawin deui. Basa nganjang ka Ema, sidik pisan semah lalaki anu baréto salaki
Ema téh. Kuring tuluy bebeja ka Bapa. Bapa katémbong kerung deui. Ditilik-tilik
téh dina juru panon Bapa merebey cimata. Bapa ngagerendeng “Tengteuingeun.” Ayeuna
Bapa mindeng ngalamun. Gawena ngan nguyek baé di kamar. Teu lila ti harita, Bapa nyebrét panas. Tuluy
ku kuring di bawa ka Pa Mantri. Ceuk Pa Mantri cenah Bapa téh katerap liver. Tong
loba teuing dahar nu haseum-haseum, sarta kudu loba ngadahar dahareun anu gédé
gizina.
Kang Odong anu tadina
disawang rék nyangkeun deui kulawarga, buktina mah teu benang terus diandelkeun
kalah pruk kawin. Ayeuna imah téh beuki kosong, Kang Odong ngadon nyewa imah ti
Haji Sukria. Imah bilik ukuran lima ka opat méter, disewa lima puluh rébu
sataun. Saprak Kang Odong kawin mah, saat baé kabiasaan méré duit keur balanja
téh. Beuki kadieu panyakit ngalamun Bapa katémbong beuki parna. Lian ti boga
kabiasaan uleng mikiran hal-hal anu ku kuring teu kapikirkeun , sakapeung
katémbong Bapa sok sésérénggéhan. Nempo Bapa kitu, dunya téh karasana beuki inggeung baé.
Dina hiji poé, kuring
meunang béja yén Kang Odong diereunkeun tina gawéna. Cenah mah kulantaran
ngademitkeun duit setoran. Béja ieu ku kuring ngahaja teu ditepikeun ka Bapa,
lantaran geus tangtu bakal jadi balabuh. Waktu kuring ulin ka imah
kontrakanana, Kang Odong keur ngalamun. Karunya kitu na mah. Untungna téh Ceu
Iti na sabar teu réa omong.
Hiji peuting, Kang
Odong ngahudangkeun kuring, yén Ceu Iti rék ngalahirkeun. Kuring jeung Kang
Odong geura-giru neangan Ma Paraji. “Ka Ma Emot baé nu dekeut, pan uwa Paraji
mah geus pindah ka lembur peuntas.” ceuk Bapa. Tuluy baé kuring jeung Kang
Odong ka Imah Ma Emot. Eh cenah téh, Ma
Emot na keur ka Lempegan, balikna téh isukan. Ceuk si Surja mah, anak na Ma
Emot, ka Bi Manah baé, da sarua sok marajian. Tuluy baé ka imah Bi Manah.
Mimitina mah Bi Manah téh embungeun, kulantaran can bisa teuing marajian.
Dijungjurung ku kuring téh, ahirna mah daekeun marajian. Heuleut dua jam ti
harita ti kamar kadéngé nu kocéak tarik pisan, di susul ku ngéarna orok. Kuring
tuluy lumpat ka imah ngabéjaan Bapa. Ceuk
Bapa téh kuring ayeuna kudu ka imah Ema, méré béja, ngan kuring embung,
asa hoream ka imah Ema téh.
Anak Kang Odong téh
lalaki. Ceuk Bi Manah, beuratna ogé aya kana tilu kilona. Buukna galing, nurun
ka bapana. Teu lila kuring di imah Kang Odong téh, kulantaran kudu sakola.
Ayeuna mah diajar téh kudu sing suhud. Da rék nyanghareupan ujian. Hayang
geura-geura anggeus sakola téh, hayang mantuan Bapa jeung Kang Odong. Balik
sakola, kuring ngahaja nyimpang ka imah Kang Odong, di imah Kang Odong geus aya
Ema, nu keur ngalongok ceu Iti. Karunya pisan kahirupan Kang Odong téh. Enya
tuda kacipta susahna hirup teu boga gawé. Eta ogé manéhna sok rajeun
kalayang-koloyong neangan pakulian.
Dina hiji
poé, kuring
menang béja
nu pikareuwaseun, yén
Kang Odong ditéwak
ku pulisi, tuluy dibawa ka kacamatan. Ceunah mah Kang Odong téh tas ngabongkar toko Haji Isak. Bapa nanyaan baé Kang Odong, kunaon
teu datang-datang ngalongok. Kuring teu wani ngajawab ka Bapa, bisi jadi
pipikiran. Sugan kuring Bapa teu terang, yén Kang Odong dibanda ku pulisi,
nyaho na téh Bapa terangeun. Kuring
di papatahan ku Bapa “Tah, nu matak ku manéh jadikeun eunteung, Kondi.
Lalampahan lanceuk maneh téh . Mun can boga
panghasilan tetep mah ulah waka hayang kawin.”
Tilu poé deui hasil ujian
kuring téh diumumkeun. Hayang pisan neruskeun sakola jiga batur. Cacak mun
kaayaan kuring kawas baréto mah, kuring bakal terus sakola. Tilu poé teu
karasa, ayeuna hasil ujian kuring diumumkeun. Ahirna kuring lulus ogé. Tékad
kuring geus buled, yén kuring rék gawé baé, méh bisa ngabantuan ékonomi
kulawarga.
Kuring ditarima digawé di pabrik acina Si Akiw tea. Kuring gawé sapopoé
jumput, mangkat isuk, balik sore. Kayaan Bapa nepika ayeuna teu aya parobahan. Nepi ka hiji peuting mah, Bapa ku
kuring dihudangkeun téh teu hudang-hudang. Bapa téh tilar dunya. Kuring ceurik
gogowakan bari ngarontok Bapa. Bapa anggeur keneh teu hudang-hudang. Bapa téh tuluy dimakamkeun. Kuring ayeuna téh
cicing di imah Uwa Alkasan. Sabenerna mah Ema gé ngajakan, kuring cicing di
imahna. Ngan kuring téh hoream cicing di
imah Ema.
Teu karasa geus aya sataun, kuring gawé di Si Akiw. Bener ceuk Si Encur, mun hayang undak
kahirupan mah kudu undak ka kota. Tapi, ka kota téh saha anu baris
dituturkeunana, da kuring mah teu boga baraya anu boga pakasaban di kota. Dina
hiji waktu, kuring ditawaran gawé ku Kang Mahmud, sina ngajagaan jongko béas
Mang Mahmud di kota. Kuring tarima éta gawé. Miang ka kota téh tilu poé deui.
Kuring nyempetkeun nganjang ka imah Ema, rék ménta réstu. Ema téh hayang
ngajual imah Bapa, pakeur modal suami Ema nu ayeuna. Ku kuring teu dibérékeun,
lebar, asa waas ari ningali imah Bapa téh.
Poé ayeuna kuring miang ka Bandung, imah Bapa téh kuring putuskeun di
kontrakeun baé ka Si Umri. Kira-kira tabuh lima kuring geus anjeucleu dina
mobil. Kuring téh kabagéan diuk ditukang, dina luhureun tumpukan karung béas.
Tabuh dalapan, mobil geus cunduk dina pasar. Pasar na téh meuni ramé pisan,
beuki peuting téh lain beuki sépi kalah beuki ramé.
Geus meunang dua poé Mang Mahmud mamatahan kuring kumaha prak-prakan na
ngalaksanakeun pancén.Teu sababaraha hésé, ngan ukur purah nyatet-nyatetkeun
saha waé nu nyokot barang ka Mang Mahmud, jeung sakumaha deuih lobana. Lamun
aya nu rék nyetor duit, éta mah kudu langsung ka Mang Mahmud. Barang mimiti mah
ngarumas pisan saré dijongko téh. Eta
tuda gandéng. Tapi lila-lila mah bisa peureum. Jongko nu ditungguan ku kuring
mah bukana ngan beurang wungkul. Mang Mahmud téh sok datang ka jongko Jumaah
peuting, bari mawa béas, tuluy balik deui ka lembur.
Kuring di pasar geus wawuh ka Si Sule jeung Si Ahid. Si Ahid jeung Si
Sule atuh matuhna di kenca-katuhuen tempat jongko kuring. Si Ahid mah nungguan
jongko sabangsaning bebeutian, ari Si Sule mah jongko cau. Teu karasa, kuring
icing di ieu pasar geus aya sabulan. Kuring menta antér meuli radio ka Mang
Mahmud. Mani kacida atohna kuring boga radio téh. Komo deui ieu sasatna lading
sorangan, najan gegedéna mah duit ladang nyéwakeun imah. Geus rék sataun Kang Odong teu aya kabarna.
Carita na ma kuring jeung Kang Mahmud rék mapay Kang Odong. Nepi ka kapanggih.
Hésé pisan néangan Kang Odong téh. Sakitu kuring jeung Kang Mahmud
ngubék-ngubék kana satengah poéna, ngabéla-bélaan nutup jongko, angger kénéh
teu kapanggih. Kang Odong téh cenah mah bebasna geus lila. Ngan minangka anu
ngalantarkeun kuring rada reugreug téh barang ngadéngé katerangan ti petugas,
cenah Kang Odong kawas anu rek enya-enya babalik pikir. Cenah mah basa keur di
panjara, Kang Odong téh dekeut jeung Asep Dodoy. Tuluy diteang wéh alamat Asep
Dodoy téh, sugan aya Kang Odong. Denge-denge mah, Asep Dodoy téh dagang minyak
di pasar. “Euhh. Mun Asep Dodoy éta mah Mamang ogé terang” ceuk Mang Mahmud.
Tuluy wéh kuring jeung Mang Mahmud ngadatangan kios Asep Dodoy.
“Assalamualaikum. Bener ieu téh kios Asep Dodoy?” ceuk Mang Mahmud. “Enya bener, abdi Asep
Dodoy téh. Aya naonnya?” tembal Asep Dodoy. “Eta badé naroskeun, di dieu aya nu
gawé teu ngarana Sodong atawa Odong.” Ceuk Mang Mahmud. “Oh, muhun aya. Ngan
mun ayeuna mah, Kang Odong keur nganterkeun barang, kedap deui gé uih da.”
Tembal Asep Dodoy. Teu kungsi lila, aya treuk ka kios na Asep Dodoy. Soca
kuring tuluy ningali saha nu nyupiranana, asa apal. “Tah gening budak na.” ceuk
Mang Mahmud. Kuring tuluy nangkeup Kang Dodong. Asa ngimpi kapanggih Kang Odong
téh.
“Kang, kunaon kaluar ti bui, bet teu balik-balik ka lembur?” ceuk
kuring. “yehh, carita na mah, uing téh
rék nepi sukses di kota téh, karék balik ka lembur.” tembal Kang Odong. “Naha
make kudu kitu heula Kang?” ceuk kuring. “Sualna kieu euy, uing ti heula
ninggalkeun lembur téh bari céda deuih, malah jadi wiwirang pikeun kolot jeung
dulur. Tah, mun uing balik deui ka lembur bari kayaan angger rudin, paling ukur
meunang panghina engkéna téh. Jeung teu mustahil batur arembungeun
didarekeutan. Anu matak balik deui ka lembur téh hayang bari aya ténjoeunana.
Sugan ku cara kitu, kuring bisa ditarima deui dimasyarakat. Ayeuna téh kuring
ekeur ngabangun imah di kidulen lapang Tegallega. Ngke paling mun geus bérés
kuring jeung Ceu Iti pindah imah.” tembal Kang Odong.
Kuring jeung Kang Odong geus sapakat, yén dua poé deui, kuring jeung
Kang Odong rék balik heula ka lembur, bari mawa Ceu Iti ka kota.Teu karasa
isukan kuring jeung Kang Odong balik ka lembur make mobil pick up, bogana Asep Dodoy.
Datang ka lembur, anu pangheulana téh ditepungan Ema. Kuring ku Ema dititah
icing di lembur, ngan kuring teu bisa da kudu digawé. “Kondi, maneh hayang
kénéh sakola pan?” ceuk Kang Odong. “Hayang sih, tapi da kumaha(?)” tembal
kuring. “Kieu wéh, ayeuna manéh di lembur waé sakola, keun uing wéh nu di gawé,
waradagna jadi tanggung jawab uing.” ceuk Kang Odong. Atoh pisan ari ngadéngé
kitu téh. Ahirna kuring bisa sakola deui.
C.
Komentar
Novel
ieu alus pisan. Loba nilai-nilai moral anu bisa diturutan. Diantarana, urang téh kudu tabah jeung tawakal
lamun keur ditimpa masalah. Urang ogé kudu ngabantuan kolot.
Hirup téh kudu sederhana, ulah loba
gereyek. Kudu rajin nabung, pakeur kahirupan ngke.