Kareueus Nonoman kana Budaya Sunda
ARINI RATNASARI
X Mia 1
Assalamualaikum
Wr.Wb.
Hadirin anu ku
sim kuring dipihormat….
Puji
sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti Nu Maha Suci, réhna
sadayana tiasa patepung lawung dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur
langsar kalayan tiasa kahontal sagala anu dipimaksad. Aamiin.
Ngadegna
sim kuring dina wakos ieu payunen bapa guru sareng réréncangan bade nyobi
ngaguar téma biantara anu judulna Kareueus Nonoman kana Budaya Sunda.
Hadirin
anu ku sim kuring dipihormat….
Ulah ngaku urang sunda, mun teu tiasa basa Sunda.
Jaman kiwari nonoman teu tiasa basa Sunda, béda pisan
jeung jaman baheula. Jaman baheula mah nonoman téh meuni farasih ku basa Sunda.
Tudana ayeuna mah basa Sunda téh kaéléhkeun ku basa asing. Nonoman kiwari mah
bangga mun bisa basa asing, tibatan basa Sunda, basa asli urang Sunda.
Salian
ti ngagunakeun basa Sunda, urang sunda ogé kudu kareueus kana kabudayaan Sunda.
Cik naon waé gera kabudayaan Sunda nu asalna ti daerah Subang? Aya nu terang
teu? Nya muhun leres sisingaan. Sisingaan dijieuna tina kai anu diropéa nepi ka jiga singa, ditanggung
ku opatan, ditumpakan ku saurang atawa dua urang budak sunat. Jaman baheula mah
sisingaan téh mangrupa simbol atawa lambang pikeun ngaggambarkeun bangsa urang
nu dijajah ku Walanda. Yén urang Walanda bisa ditumpakan ku bangsa urang nyaéta
budak sunat. Béda jeung jaman kiwari, kiwari mah sisingaann téh bener-bener
salah sahiji kasenian daérah anu pungsia éstu pikeun raraméan wungkul.
Sisingaan sok ditanggap ku nu hajat nyunatan atawa ngariakeun ngaréncég-réncég
di dangdanan. Tumpak sisingaan dialeut-aleut mapay jalan ngurilingan lembur
bari di reuah-reuah ku tatabeuhan kendang penca. Kiwari mah sok ditambah ku
genjring ronyok atawa tardug, malah aya nu sok maké
dangdutan.
Hadirin
anu dipihormat….
Aya
deui kasenian khas ti daérah Subang, cik naon deui gera? Aya nu terang? Di
Subang ogé aya kasenian dogér kontrak. Kapungkur dogér kontrak sok
dipagelarkeun di kontrak-kontrak perkebunan. Subang téh pan
daérah perkebunan. Numawi kasenian rahayat model dogér kontrak geus langka nu
nanggap. Salian ti éta aya ogé beletuk ngapung, ketuk tilu, dombrét jeung
sajabana.
Hadirin
anu dipihormat….
Urang
sadaya kalaan urang sunda kedah kareueus sareng térang kana basa, budaya jeung
kaseniann daérah. Jalmi asing ogé hayang nongton atawa bisa kasenian Sunda.
Maénya urang sunda kaéléhkeun ku jalmi asing. Ku kituna hayu urang lestarikeun
budaya sareng kasenian Sunda ulah nepikeun ka punah.Mung sakitu wae biantara
sim kurung. Hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana.
Wabilahitaufik walhidayah.
Wassalamualaikum
Wr.Wb.
0 komentar:
Posting Komentar