Si Trundul Tomboy
Saacan
muka tulisan nu nyaritakeun jalmi nu dipihormat ku sim kuring, saé na urang
ngucapkeun puji kalawan syukur ka Gusti nu Maha Suci tina sagala rahmat sareng
hidayah Na, teu hilap sholawat sareng salam ka Junjungan Nabi Muhammad saw.
Alhamdulillah dugi ka danget ayeuna urang sadayana dipasihan ni’mat lahir
sinareng bathin.
Sim
kuring rék nyaritakeun jalan hirup Néni Nuryani nu pituin indung kuring
sorangan. Nu kukuring dipihormat sareng dipikanyaah jeung dijadikeun toladan ku
sim kuring. Kuring hayang bisa nurutan laku lampahna anu hadé, hayang bisa
suksés bisa digawé jeung jadi ibu rumah tangga anu hadé siga indung kuring.
Indung kuring kaasup ibu rumah tangga nu bisa disebat ”istri binangkit”, nu
bisa ngatur waktu keur digawé di kantorna jeung ngurusan rumah tangga kaasup
ngaping jeung ngatik anak-anakna supaya jaradi barudak anu disiplin, taat ka
agama jeung darigama, pinter tur hormat ka nu leuwih kolot. Cenah mah Indung
kuring téh bisa kitu lantaran ku pangalaman hirupna nu di atik ku kolotna jeung
pangalaman hirup nu dirasakeun ku anjeunna.
Néni Nuryani téh urang Sunda tapi
lain Sunda asli, kusabab logat cariosanana teu tiasa nyunda janten disebat na
teh Jasun (Jawa Sunda). Kulantaran di lahirkeunana di Dusun Jurutilu Désa
Sukamandijaya Kecamatan Ciasem, Kabupaten Subang nu ayana di wilayah kaler kota
Subang nu bahasa sapopoéna ogé basa Sunda anu kasar jeung basa Jawa réang/kasar,
katambah ku turunan anu kuat, bapana ti Plumbon Cirebon nu basa Jawa na kentel
ari ibuna ti Cikonéng Ciamis.
Ramana
Néni namina H.M. Yasin nu didamel janten guru di SD, ibuna Hj. Sholihat teu di
damel mung saukur ibu rumah tangga. Pa Yasin gaduh putra opat nya éta Yayah
Sutiani nu ka hiji, Asep Wahyudin nu ka dua, nu ka tilu na nya éta Neni Nuryani,
si bungsu Budi Heryanto. Opatannana di atik teu aya nu di ogo, diajar prihatin,
disiplin kana agama jeung darigama ogé rajin sakola tur mantuan kolot. Hal ieu
nu ngajadikeun palaputrana tiasa janten jalmi anu suksés dina kahirupannana,
anu silih pikanyaah nepi ka iraha waé ogé. Loba atikan jeung conto ti indung
bapana Néni nu diterapkeun di kahirupan Néni. Yu urang pedar caritana.
Neni
dilahirkeun poe Senén kaping 7 Oktober 1974. Cenah mah dilahirkeunana ogé basa
imah kolotna keur diburak dibeneran, mantakna dilahirkeunana ogé di Goah paragi
nyimpen paré. Cenah mah harita téh di pasihan nami na ogé ”Sanimah” singkatan
tina sésa nyieun imah, tapi ku akina diganti jadi Néni Nuryani ngéwa cenah
Sanimah mah.
Ibuna
Néni gaduh pangawakan lintuh bayuhyuh mantakna teu tiasa gesit dina nyepeng
padamelan, supados teu kabolér padamelan sapopoé osok dibantuan ku rakana Néni
nya éta Yayah. Ti oorok Néni mah diurusan ku lanceukna padahal lanceukna téh
karak umur 10 warsih, da lain Néni waé nu kudu di urusan salian ti Néni aya
Asep lanceuk nu beda 3 warsih jeung Néni. Salian ti éta rama na ogé Pa Yasin jalmi
hadé haté sareng sok mantuan pagawéan di imah saking ku nyaah-nyaahna ka anak
jeung pamajikan. Salian ti janten Guru SD ramana Néni oge osok ngical kurupuk
bari ditanggung diiderkeun ka tatangga désa. Saurna téh lumayan kanggo nambihan
panghasilan, kanggo nyakolakeun barudak nepi ka universitas ulah siga bapa ngan saukur tamat Sakola Guru, barudak
mah kudu mesat sakola saluhur luhurna.
Kaluwarga
pa Yasin éstu kaluwarga nu runtut raut sanajan hirup saayana ogé. Panghasilan
tina ngajar dianggo tuang sadidinten sedengkeun panghasilan tina icalan kurupuk
diasupkeun kana céngcéléngan ti awi nu ayana di bilik kamarna. Kolotna Néni
tara ngawowoy barudakna ku sagala rupa kadahareun atawa artos éstuning diajar
prihatin di kahirupannana, tapi mun dina ngala élmu keur barudakna diutamakeun
pisan. Mantak mun barudakna aya nu hayang kaulinan osok dipangadaamelkeun ku
bapana. Contona mun hoyong momobilan teras sok didamelkeun momobilan tina kayu
anu banna tina cangkang jeruk bali. Ku dipasihan momobilan nu kawas kitu ogé
barudak mah tos barungaheun. Tah mantak lalakon kahirupan Néni waktos alit téh
nerap nepi ka ayeuna, ngajadikeun jalma anu teger nyanghareupan kahirupan.
Sabab loba conto-conto kahadéan ti kolotna nu bisa di pulungan dijadikeun picontoeun
keur dirina.
Alitna
Néni diisian ku rasa kabungah nu pohara, kusabab indung bapana méré kanyaah jeung
ngatik dirina kalawan hadé. Sapopoé na waktu diatur didamelkeun jadwal, aya
waktu keur mantuan kolot, aya waktu keur diajar, ogé aya waktu keur ulin jadi
teu mantak bosen.
Ti
leuleutik isuk-isuk hudang saré mantuan indungna diajar kukumbahan piring
saacan sasarap, terus angkat ka sakola. Sauih ti sakola tuluy ulin nepika
waktuna ngaos nepi ka jam opat soré, tuluy diajar sasapu buruan saacan mandi
soré. Tuluy angkat ka masjid ngiringan ngaos deui dugi ka isya, nembé maos
palajaran kanggo énjingna. Mantak nepi ka ayeuna Néni ngagaduhan kahoyong
putri-putrina ogé tiasa ngatur waktos siga manéhna waktos alit. Kabiasaan
mantuan kolot diteruskeun nepi ka saacan Néni kénging padamelan, saatosna kénging
padamelan mah ngan mun libur wungkul tiasa mantuan bébérés imah kolotna téh.
Kaulinan
Néni basa manéhna leutik kénéh nya éta : gémpar (kaulinan barudak nu maké batu
aralit kanggo alatna biasana sok sorangan lawan sorangan atawa ngagrup), congklak
(kaulinan barudak nu maké kuwuk atawa batu nu jadi alatna, biasana dimaénkeun
ku duaan), bola békles (kaulinan barudak nu maké bola békel jeung kerang atawa
kuwuk nu jumlahna aya genep siki), éngklé/somlah (kaulinan budak nu nyieun garis
kotak-kotak dina taneuh, maénna suku bari diangkat hiji nu disebut éngklé téa),
luncat tinggi (kaulinan budak nu maké karét diruntuykeun, aya nu nyepengan
duaan minangkana nu jadi jaga, tuluy aya nu ngaluncatan karét nu dibentangkeun,
biasana dimaénkeun ku tiluan atawa leuwih), maén karet, dadagangan jeung
sajabana kaulinan anu biasa diulinkeun ku barudak awéwé.
Kusabab
Néni mah teu jauh umurna jeung Asep lanceukna, manéhna sok mimilu lanceukna mun
keur ulin jeung babaturanana. Atuh kaulinan budak lalaki ogé remen diiluan ku
Néni nepi ka jadi pangaresep mun tos miluan kaulinan lalaki téh. Contona mun
sasapedahan embung jeung babaturan awéwé hayangna jeung lanceukna tur baladna,
miluan maén bal dilapangan bari jeung ngan awéwé sorangan ogé, miluan tataékan
tangkal jambu batur, miluan maén béngkat (kaulinan budak nu biasa dimaénkeun ku
budak lalaki maké bata atawa batu nu rada gedé), maén kaléci, maén bonbonan,
jeung sajabana kaulinan budak lalaki kantos miluan da kuresep jeung aya baturna
deuih nya éta lanceukna jadi kolotna ogé teu melangeun.
Néni
mimiti hayang sakola téh dina umur 4 warsih, manéhna mimilu babaturan awéwéna
nu meneran tatanggana pisan tapi ari umur leuwih kolot itu 2 taun, kusabab
baheula mah teu aya PAUD atawa TK siga ayeuna nya manéhna langsung asup
sakolana ka Madrasah Jamiatul Khoér di Jurutilu nu deukeut ka bumina. Sataun
mimilu sakola didinya téh nepi ka kanaikan kelas, ceuk guru na mah pantes mun
Néni naék ka kelas dua, tapi ceuk lanceukna nu panggedéna nya éta Yayah nyaram
Néni dinaekkeun ka kelas dua da masih alit kénéh, saéna mah sarengkeun deui waé
sareng rerencanganana Uni sareng Yayah nu teu naék kelas ngarah aya rencangna
cenah. Ahirna Néni ngabalenan deui kelas hiji bareng jeung batur ulinna.
Teu
nepi ka junun Néni sakola di Madrasah Ibtidaiyah Jamiatul Khoér téh, manéhna ngarasa asa aya nu kirang
di sakola éta téh, mantak basa tos kanaikan kelas ka kelas opat téh manéhna ménta
pindah sakola ka Bapana, manéhna hayang pindah ka SD Negeri Margamulya I nu aya
na dipeuntaseun jalan raya. Ku melang tur paur ogé ahirna kolotna ngidinan Néni
pindah sakola jeung ngadaftarkeun ka SDN Margamulya I nu dipikahayang ku
anakna. Aya alusna Néni ménta pindah sakola harita, najan manéhna hésé rék
nyesuiakeun diri boh dina palajaran atawa jeung babaturan tapi manéhna jadi
boga kahayang maju siga babaturan sakolana nu leuwih pinter. Manéhna terus
diajar supaya bisa siga batur ulah tinggaleun pelajaran. Ngan hanjakal kepala
sakola SD nu kenal jeung bapana ngomongkeun ka bapana yén Néni téh teu tiasa
maca-maca acan komo berhitung mah budak téh tinggaleun pisan pa kitu ceuk
kepala sakola teh. Atuh Néni téh dicarekan ku bapana nepi ka di tés maca jeung
ngitung ku bapana, tapi da émang tos bisa maca jeung ngitung naha atuh
disebatkeun teu biasaeun. Tuluy Néni ingeteun yén nu teu bisa maca jeung
ngitung téh babaturanana nu rambutna panjang ngaranna Héni, sigana kepala
sakola téh lepat nyebatkeun namina jadi
waé nu beunangna Néni.
Mimiti
asup di SD éta mémang Néni kaasup katinggalan pisan, nepi ka rapor mimitina
ngan rata-rata 5,8. Manéhna asa kapacu hayang bisa jeung éra najan maca jeung
ngitung geus bisa tapi élmu nu lain loba kurangna. Saeutik-saeutik manéhna maju,
nilai ulangan sareng rapor aya kanaékan ti triwulan ka triwulanna. Nepi ka
kelas genep manéhna bisa naékeun rata-rata rapor jeung ijazahna 7,5 angka nu
kawilang alus keur ukuran manéhna da sobatna Dian jeung Héni aya dihandapeun
manéhanana.
Salian
ti hayang ningkatkeun prestasi, Néni ogé mimiti miluan kagiatan sakola nya éta
kagiatan Pramuka, unggal Saptu soré Néni miluan waé latihan Pramuka di
sakolana. Néni resep pisan kana Pramuka nepi ka Persami (Perkemahan Saptu
Minggu) ogé osok miluan waé. Ku resep-resepna ka Pramuka Néni kantos miluan
kemah ka Bumi Perkemahan Ranggawulung nu aya na di Kota Subang nu kawilang
tebih ti bumi na, kajeun awak pangleutikna ti nu sején Néni tetep optimis yén
manéhna moal bakal nyusahkeun batur, bisa miluan kemah najan jauh ti imah ogé.
Kunaon
Néni nepi ka resep pisan ka Pramuka? Ku sabab di Pramuka réa nu diajarkeun keur
kahirupan sapopoé, cara baris, disiplin jeung
diajar organisasi. Néni aktif di Pramuka ogé di latihan baris, mantak
manéhna sok kapilih waé miluan lomba baris tingkat kécamatan nu sok
diayakeunana unggal bulan Agustus keur ngisi HUT kamerdékaan RI. Najan teu jadi
juara ogé tapi manéhna bungah bisa miluan jeung bisa nyokot hikmahna. Hikmah ti
sok miluan Pramuka di SD téh ku manéhna diterapkeun di lingkungan imahna jeung
diteruskeun di SMP.
Néni
sakola di SDN Margamulya I salila 3 taun nya éta ti kelas 4 nepi ka kelas 6.
Lulus SD taun 1986 kénging NEM (Nilai
Ebtanas Murni) 33,34 jeung nilai ijazah rata-rata 7,5. Lumayan keur daftar
ka SMPN I Sukamandi nu harita mah jadi SMP Favorit di Kécamatan Ciasem mah. Néni
bisa katarima di SMP anu di impikeun ku manéhanana, teu pusing ku sobat SD Heni
nu teu bisa asup ka SMPN I Sukamandi da engké ogé loba batur moal sosoranganan.
Mimiti
asup SMP Néni resepeun pisan ka palajaran anyar nya éta Basa Inggris, ku
hayang-hayangna bisa manéhna sok ngapalkeun waé Basa Inggris téh, hasilna
lumayan manéhna bisa meunangkeun nilai 8,5 dirapor jeung bisa asup ka sapuluh
besar di kelasna. Saeutik-saeutik kapercayaan dirina mimiti aya, manéhna mimiti
boga prinsip ”atur bisa naha kuring teu bisa? Kuring kudu bisa!”. Prinsip éta
nu nepi ka kiwari dicepeng ku Néni, nu bisa ngajadikeun sumanget pikeun dirina.
Di
SMP ogé angger Néni mah masih aktif miluan kana Pramuka, malahan ditambah ku
miluan PMR (Palang Merah Remaja), Paskibra,
jeung paduan suara, ti kelas hiji nepi ka kelas tilu manéhna aktif di Pramuka
jeung di PMR téh. Kelas 2 manéhna dipercaya jadi Seksi Pramuka di OSIS, jeung pengurus
matuh di PMR. Ti taun ka taun manéhna bisa ningkatkeun prestasi najan teu
nyongcolang ogé. Manéhna boga sobat lalaki nu pang pinterna saangkatan éta mah
ngarana Sholeh Ma’mun nu sok ngajaran Néni mun aya pelajaran nu teu ngarti,
terus jaranjian mun tos lulus teh arék neruskeun sakola ka SMAN I Subang nu
Favorit sa-Kabupaten Subang. Taun 1989 Néni lulus tapi teu bisa neruskeun ka
SMAN I Subang, kusabab teu meunangeun ku bapana, cenah mah teu aya biaya kanggo
kost jeung biaya hirup di Subang da Asep lanceukna mimiti kuliah di Bandung nu
tangtuna butuh waragad nu lain saeutik sabulan-bulanna sing karunya atuh ka
bapa ceuk bapana kitu. Ku bapana di daftarkeun ka SMAN I Ciasem, Néni kuciwaeun
pisan sabab kahayang manéhna teu kacumponan, Néni ngarasa di nomer dua keun ti
lanceukna. Sumanget belajarna jadi nurun malah teu aya pisan, teu hayang
maca-maca acan sameunang-meunang ti ngadéngekeun guru nerangkeun di kelas. Ku
ukur kitu hungkul ogé bisa meunang réngking ka hiji jaba juara umum deuih, manéhna
kalah seuseurian ngadéngé yén manéhna juara umum di kelas hiji téh da basa di
SMP mah paling bisa ka rangking katilu pang kerenna éta téh. Asep lanceukna nu
kuliah di Bandung nu sok merhatikeun perkembangan palajaran Néni, mun rék
ulangan umum manéh na sok nyuratan adina ti Bandung nu isina teu pira ngan ” to
be number one ok!”, tapi isi surat téh bener-bener jadi panyumanget keur Néni, tuluy
Néni sumanget belajar deui ngejar jeung kudu bisa ngapertahankeun prestasi
sangkan lanceukna bisa bangga ka manéhna. Naha lanceukna? Sabab Néni mikirna
asa disapirakeun ku bapana, sagala-gala ngan keur Asep, nepi ka lamun rapat
orang tua murid jeung nyokot rapor ogé tara dihadiran ku bapana, Néni sok menta
tulung ka bapa sobatna Nani atawa ka kolotna saha waé nu kira-kira na bisa mang
nyokotkeun rapor manéhna. Kulantaran éta Néni asa teu diperhatikeun ku kolotna pangpangna
ku bapana, manéhna asa disapirakeun pedah anak awéwé. Hal éta pisan nu ti leuleutik
nerap di manéhna, Néni boga tékad najan budak awéwé tapi manéhna bisa jalma nu
aya gunana boh keur kaluarga, agama ogé keur masyarakat. Néni jadi budak anu
mandiri tara ménta tulung ka batur lamun teu kadesek teuing mah.
Urang
balik deui ka waktu Néni di SMP kenéh, hasil aktif di organisasi di SMP ku Néni
di terapkeun di lingkungan imahna ku aktif jadi pangurus IRMA (Ikatan Remaja
Masjid) Attaqwa di Jurutilu. Salian ti diajar ngaji di masjid, Néni ogé osok
miluan jadi panitia penggalangan dana dina peringatan-peringatan hari besar
agama Islam atawa tujuh belas agustusan. Néni sok jadi saritilawah atawa
pembawa acarana malahan pernah dititah sina miluan lomba MTQ tingkat désa,
padahal dina ngaji Néni teu bisaeun ngalagam ngan alus dina mahroj jeung
tajwidna hungkul, lumayan wéh nilaina ogé teu goreng-goreng teuing. Mun bulan
Romadhon Neni sok miluan waé tarawéhan diteruskeun ku tadarusan di masjid.
Lucuna mun tarawéhan atosan Néni jeung sobatna osok nyumputkeun kohkol bedug ti
barudak lalaki nu rék ngadulag mun imam to nga doa, atuh barudak téh raribut
naréangan
kohkol. Saking ku hayang milu tadarusan di masjid padahal di imah loba
kumbaheun piring tilas buka puasa, manéhna osok ménta dibantuan ka babaturanana
tuluy sakali séwang beres di imah Néni tuluy kukumbah di imah Nining, bérés
kukumbah piring maranéhna marangkat ka masjid, kitu deui mun tos saur manéhna
sok janjian jeung si Nining gantian kukumbah piring da hayang miluan kuliah
subuh nu sok diteruskeun ku sasapédahan bari nungguan beurang.
Jeung
Nining téh ti kelas dua SMP nepi ka kelas tilu SMA, sobat awéwé salian ti
Nining nya éta Nina jeung Heni mun waktu di luar sakola, tapi mun di sakola
nyobatna téh jeung Fia tuluy Entin. Najan lanceukna geus indekos di Subang, Néni
mah angger resep ulin jeung lalaki da aya alona anu saumuran nu sok nyampeur
kaimah mantak sok diidinan ku bapana, sobat awéwéna mah ngan si Nining hungkul
nu sok ulin bareng téh. Lolobana babaturan Néni mah lalaki boh di
sakola atawa di imah. Duka pédah ti leuleutik sok ulin waé jeung lanceukna
katur babaturanana jadi nepi ka gedé ogé manehna mah resep
ulin jeung lalaki. Lain arék ulin nu teu pararuguh, tapi
manéhna mah néangan mangpaat boga babaturan lalaki téh, contona sifat
jeung kalakuan lalaki mah tara mentingkeun emosi tapi logika nu dikahareupkeun
mun aya nanaon téh, teu jiga awéwé nu sok téréh ngambek jeung
ngomongkeun batur waé. Salian ti éta Néni mah asa
kalindungan mun keur bareng jeung babaturanana teu aya nu ngaganggu, jeung tara
pipilih deuih jeung saha waé manéhna mah bisa akrab
nu penting manéhna teu ngarugikeun batur tur teu asa karugian. Pokona
mah harita Néni boga pamadegan ”Lalaki bisa ngalakukeun kitu, urang ogé
pasti bisa da sarua manusa” (maksudna dinu hal-hal anu positif, contona :
lalaki bisa naék tangkal kalapa, Néni oge kudu bisa naék tangkal kalapa,
lalaki bisa nga gitar urang ogé kudu diajar ngagitar supaya
bisa, jeung réa-réa deui).
Néni ogé kadang mah sok
bingungeun ku kaayaan manéhanana, manéhna teu ngarasa
geulis siga batur, teu beunghar, teu pinter-pinter teuing tapi naha barudak
lalaki téh raresepeun mun geus ulin atawa ngobrol jeung manéhna. Loba babaturan
awéwé boh di imah atawa
di sakola nu ngarasa ngéwa ka Néni kusabab lalaki
inceran manehanana kalah resep ulin atawa ngobrol jeung Néni, tapi Néni mah tara mupusing
diri, istilahna mah ”cuék wéh” nu penting manéhna teu boga rasa
ngéwa
ka batur, tetep soméah ka saha waé ogé. Jadi inti na mah
ti nu sok babarengan waé jeung babaturan lalaki Néni bisa mulungan nu
alusna, manéhna bisa mandiri, bisa niheulakeun logika dibandingkeun
jeung émosina, bisa nganaséhatan babaturanana
jeung loba nu di jadikeun cecepengan keur hirup kahareupna. Nepi ka lulus SMA
ogé Néni mah acan bogaeun
kabogoh da ngarasa acan apal naon nu jadi tujuan hirup manéhna, manéhna janji saacan
bisa nyenangkeun kolot jeung bisa kapanggih naon nu ditéangan ku manéhna moal waka boga
kabogoh, lalaki nu dijadikeun kabogoh téh kudu bisa ngeléhkeun manéhna dinu hal naon
waé
ogé
jeung teu hayang gunta ganti lalaki, cukup hiji keur sakali saumur hirupna.
Alhamdulillah prinsip manéhna harita bisa kacumponan,
ngan aya hiji lalaki hungkul di haténa nya éta nu jadi salakina
ayeuna.
Urang
guar laku lampah Neni mangsa di SMA, nu boga lalandihan ”si Trundul Tomboy” da
buukna pondok waé siga potongan buuk lalaki ditambah laku lampahna siga
lalaki. Néni lulus SMPN I Sukamandi taun 1989 tuluy didaftarkeun ku
bapana ka SMAN I Ciasem lain ka SMAN I Subang siga kahayang Néni. Najan haténa handeueul tapi ahirna
sakola di SMAN I Ciasem téh bisa ngukir sajarah keur
hirup Neni. Ti kelas hiji manéhna geus aktif di OSIS (jadi
Seksi Keagamaan) jeung di Pramuka ogé di kagiatan olah raga (najan teu ahli tapi manéhna
bisa, biasana téh sok jadi ”pelengkap
penderitaan” alias cadangan da nu pamaén intina teu hadir)’
Kusabab
resep ka Pramuka, Néni aktif di Pramuka ti kelas hiji nepi ka kelas tilu, ti
mimiti jadi obyék penderitaan
nepi ka bisa jadi pamingpinna. Dua kali manéhna miluan Gema
Pramuka di Bumi Perkemahan Ranggawulung Subang, di Kelas hiji jeung kelas dua,
minangkana jadi spesialis ”Cerdas Cermat Pramuka” da lumayan kanyahona di élmu
Pramuka mantak mun aya lomba Pramuka kudu miluan waé. Mun Persami tara
miluan jadi peserta sok panitia waé da seniorna tos arapaleun
kamampuan Néni. Loba carita laku lampah manéhanana nu teu bisa
leungit tina ingetan. Mantak gunakeun waktu urang ayeuna dipaké ngalakukeun
hal-hal nu bener da waktu mah tara pernah balik deui terus maju, Néni ngarasa bungah
jeung bangga bisa ngisi masa rumajana ku hal-hal anu positif najan teu jadi prestasi
nu nyongcolang ogé, tapi keur manéhna naon wae nu pernah
dilakonan mangsa harita éta téh prestasi keur
ngacaan diri manéhanana, keur pangalaman hirup nu moal bakal kasampeur
deui. Sakabéh pangalaman dijadikeun guru ku manéhanana, jadi
cepengan keur ngajalankeun kahirupan saterusna.
Tos
dicaritakeun di luhur yén salian ti aktif di Pramuka, Néni ogé aktif di OSIS,
Kelas hiji manehna jadi Séksi Keagamaan nu sok jadi
panitia ngayakeun paringatan hari-hari besar agama Islam keur sakolana. Kelas duana,
manéhna jadi Sekretaris OSIS, ku alus na kerja sama Ketua, Sekretaris jeung
Bendahara bisa ngayakeun pertandingan olah raga keur murid-murid di SMA éta. Péran manéhna jadi sekretaris
bener-bener bisa ngahirupkeun kagiatan OSIS mangsa harita. Loba babaturanana nu
milu kagum kana kakompakan pengurus OSIS, mantak Néni mah najan teu
geulis ogé tenar boh di angkatan saluhureunana atawa angkatan sahandapeunana, teu aya nu teu apal
ka Néni da memang beda jeung batur, boga buuk pondok siga
lalaki, kalakuan tomboy jeung aktif di sakola, teu guru teu murid pasti apal ka
Néni
zaman harita mah. Mun ayeuna panggih jeung angkatan sahandapeunana pasti
ngageroanana teh ”Héy Néni trundul kamana waé geus lila teu
panggih?” . Kelas tilu, manéhna jadi Ketua Dewan Sekolah nu
anggotana para Ketua Kelas sa SMAN I Ciasem. Manéhna sok jadi penaséhat ka anggotana ogé ka pengurus OSIS
mun keur aya masalah nu kudu diselesaikeun. Mun aya penerimaan siswa/siswi anyar
pasti manéhna mah miluan jadi panitia.
Di
pelajaran Néni ogé teu bodo-bodo teuing jeung teu
pinter-pinter teuing tapi kusabab manéhna rajin diajar jeung boga
kahayang nu kudu diwujudkeun nya manéhna satekah polah kudu bisa
ngatur waktu antara sakola, kagiatan di sakola, kagiatan di lingkunagn imahna
jeung kagiatan manéhanana mantuan kolotna di imah. Mun di imah, isuk-isuk
manéhna
kudu kukumbah piring heula, balik sakola mun teu nyeuseuhan baju nya ngalicin
baju sakulawargana dituluykeun ku sasapu imah jeung buruan. Bada Magrib nepi ka
Isya manéhna ngaji di Masjid, tos ngaji kakara manéhna bisa muka buku
sakolana nepi ka jam sapuluhan atawa jam sabelas peuting. Mun kagiatan karang
taruna jeung ikatan remaja mesjid mah di ayakeunana mun malam minggu da bisi
ngaganggu kana waktu belajar.
Olah
raga nu dipikaresep manéhanana teh nya éta lumpat, volley ball jeung basket. Najan teu
pinter Néni pernah miluan tim sepak bola SMA na dina kompetisi
sepak bola awéwé sa Kecamatan Ciasem, pernah
miluan tim baskét dina kompetisi Bola Baskét antar SMA sa
Kabupaten Subang, jeung pernah jadi juara dua lomba maraton sa SMA na, anu lucu
mah, manéhna meunang piagam juara tenis meja ka tilu padahal teu
bisaeun maénna, nya éta kusabab manéh na mah dititah
naon waé ogé dilakonan demi mempertahankeun
reputasi kelasna daripada di éléhkeun saacan
tandang, éra parada. Tah hal-hal nu disebutna sepélé kitu téh ku Néni mah nepi ka
ayeuna dijadikaeun padoman hirup, ”urang kudu bisa najan can bisa ogé, nu kitu mah da élmu nyata urang
bisa diajar nepi ka bisa”.
Lulus
SMA tahun 1992, meunang predikat ”lulusan terbaik dengan nilai NEM dan Ijazah
paling tinggi” di SMA na, teu ngajadikeun Néni bungah amarwata
suta, kalah ka bingung kudu kamana nya lampah satuluyna, da mun dibandingkeun
jeung sobat SMP manéhna nu sakola di SMAN I Subang mah jauh tanah ka langit
mantak manéhna ngarasa bingung kudu kamana nya daftar kuliah
sedengkeun nu ngaranna kuliah butuh waragad nu lain saeutik jaba lanceukna ogé kuliah kénéh, tada teuing
lieurna meureun kolot mikiran waragad keur sakola. Manéhna tuluy néangan informasi universitas mana nu bisa waragadna teu
gedé
teuing, rék miluan ka STAN (Sekolah Tinggi Akuntansi Negara) teu
bisa da nilai NEM matematikana kurang, teu
disangka keur nonton TV manéhna ningali iklan penerimaan
mahasiswa baru di STPDN (Sekolah Tinggi Pemerintahan Dalam Negeri) anu syarat-syaratna
sakitu lobana jeung manéhna asup dina standar calon
pendaftar, ikatan dinas deui pikirna kan lumayan bapana moal loba teuing
ngaluarkeun biaya keur manéhanana. Dibarengan ku percaya
diri jeung doa ti kolot manéhna miluan tes di STPDN aya
lima kalina manéhna miluan tes teh, dasar lain milik, Néni teu lulus nu
lulus ngan saurang ti Kabupaten Subang ti 9 urang nu daftar. Ancur haté Néni barang apal manéhna teu lulus, nepi
ka gering pilek teu cageur-cageur tilu bulan ngan ngahuleng waé asa ngimpi. Tapi
manéhna
teu putus harepan, manéhna miluan UMPTN daftarna ka
UNPAD jeung IPB, dasar lain milik deui waé, najan dua kali
miluan ogé angger teu lulus. Néni bingung kudu
kamana nya kuliah, mun diswasta pasti mahal waragadna karunya bapana, mun teu
kuliah bapana ninitah waé kuliah, ahirna Néni mutuskeun rék digawé waé heula ké mun geus boga
panghasilan rék nuluykeun kuliah dimana waé nu penting bisa
kuliah nyugemakeun kolot jeung bisa nunjang kana karir pagawéan.
Sanggeus
nganggur salila dua taun ahirna Néni ngalamar digawé bari ngantongan
ijazah SMA jeung ijazasah kursus ngetik jeung komputer. Ngalamar ka Perusahaan
di Jakarta jeung di Purwakarta ditarima jadi pagawé pabrik, Néni mikir teu nanaon
nu penting bisa digawé heula néangan pangalaman.
Na kakara oge Senén rék indit ka Purwakarta eh
lanceukna Asep kacilakaan di Lembang, atuh lain digawé Senén téh kalah ngurusan lanceuk
di Rumah sakit di Bandung. Sanggeus lanceukna séhat Néni miluan ngalamar
ka HOOK’S Fast Food di Cikarang
Bekasi, katarima jadi crew lobby nu
bagian nganteurkeun kadaharan jeung beberesih lokasi digawé. Ku Néni dilakonan ku
kabungah haté da resep bisa kapanggih jeung urang luar negeri jadi
bisa ngapraktékkeun basa Inggrisna nu hampir kapopohokeun.
Teu
lila di gawé di HOOK’s teh kusabab parusahanana diganti manajemenna
jadi Wendy’s atuh sakabéh karyawan téh diparecatan da
hayang nu alanyar pagawéna. Eureun ti dinya ngalamar ka
Matahari Departement Strore, katarima
jadi Stan girl TRISET di Matatahari
Cikarang, ngan kuat dua poé digawéna da ngan huléng jentul jeung
nilepan pakéan waé asa na teu aya tantangan jeung
cangkeul nangtung waé teu puguh cabak. Kaluar ti dinya ngalamar ka PT Sanyo Industries nu nyieunan Kulkas,
katarima jadi kuli pabrik nu mimitina purah masang-masangkeun panto kulkas,
lila ka lila sakabéh pagawéan di bagian manéhanana jadi bisa
kacabak jeung ahli, mantak urang Jepangna mun aya pagawé nu teu asup nya Néni purah
ngagantianana da dianggap mampu. Di Sanyo, Néni kawilang tenar boh
ku babaturan kerjana ogé ku urang Jepang. Ku urang
Jepang na Néni kaasup nilaina alus, ti sapabrik manéhna kaasup sapuluh
karyawan teladan nu gajih pokona ogé nyaruaan jeung atasan manéhanana nu tos digawé puluhan taun.
Kunaon bisa kitu? Lantaran ku karajinan Néni mun keur teu aya
pagawéan naon waé nu mampu di gawéan nya digawéan ku manéhna, hal éta pisan nu ku
urang Jepang di nilai téh.
Tah
basa Néni digawe di Cikarang, Néni panggih jeung
Andri Maulana nu tepi ka kiwari jadi salakina. Andri digawé di Hotel Citra
Inn, tatangga kontrakannana, kusabab jalmana bageur nya luluh ogé haté Néni daék jadi kabogohna
Andri. Lima taun silih ngenalkeun diri. Kaping 15 Nopember 1999 Néni nikah sareng
Andri, éta ogé saatos Néni lulus jadi Pagawé negeri di
kabupaten Subang.
Ti
saprak digawé di Cikarang, Néni tara telat miluan tes
penerimaan CPNS di kabupaten Subang, tilu kali gagal nu kaopatna taun 1998 alhamdulillah
lulus ditempatkeun di Kantor Mawil Hansip Kabupaten Subang . Tuluy kaluar digawé di Sanyo na,
pindah ka Subang.
Ayeuna
Néni
tos gaduh putra dua sadayana istri, nu kahiji namina Arini Ratnasari, nu kadua
Kintan Dyah Astuti. Néni digawé bari jeung ngurus
rumah tangga teu dibantuan ku rencang, sagala pagawéan imah dipigawé ku sorangan ngan éta ogé osok salakina
mantuan. Néni kakara bisa nuluy keun sakolana saatos bapa
ngantunkeun, taun 2008 Néni lebet ka Unsub nyandak
jurusan Administrasi Publik, Sidang akademikna tanggal 29 Desember 2012, teras
di wisuda bulan Januari 2013, hasil kuliahna lumayan predikat cumlaude.
Neni
ngarasa bongbong geus bisa ngalaksanakeun amanat kolotna terutama bapana, nu
ninitah waé nungtut ilmu di bangku universitas. Néni ayeuna di gawé kenéh di Kantor Kesatuan Bangsa dan Perlindungan
Masyarakat Kabupaten Subang jadi Verifikatur
Internal dihandapeun Ka Subag Tata
Usaha.
Sakitu
nu tiasa ka pihatur, hapunten bilih aya nu kacawad da mung sakitu buktosna, éta ogé dicandak nu garis
besarna hungkul. Cag.
0 komentar:
Posting Komentar