Kacaritakeun di
kelas 9A aya murid anyar pindahab ti SMP Bandung. Budak awéwé
geulis pisan, ngarana Ainun. Manehna sabangku jeung Imas. Di kelas éta gé aya
géng nu katelah jarudes, so pinter jeung so beunghar nu anggotana opatan. Ngarana Rini, Dina Jesika jeung Sarah.
Rini :
(ngomong tarik) Héy, tau ga, di kelas kita ada anak baru. Ih, so cantik pisan.
Sebel aku da….
Jesika :
Iya, ga tauen kali, kita-kita pada lebih cantik….hahaha… (nu opatan
saleseurian)
Ida :
Saha? Maneh geulis? Iy garila dot com…
Dina :
(molototan) Apa sih lu? Ikut-ikutan wae…
Ida :
Baé wéh..
Sarah :
si Ida rék ngadeketan si cewe baru nu beunghar téa..
Rini : Iya, padahal si anak baruna kampungan
ya…,ngomong wé pindahan dari Bandung, tapi
ngomongnya basa Sunda melulu hahaha…
Imas : Emang ari Bandung dimana kitu? Lain Jawa
Barat?
Dina : Ya iya atuh, Jawa Barat (Bari ngadelék
ka Imas nu lain anggota géngna)
Imas
: Terus, ari Jawa Barat mah mereun
Sunda lain Betawi. Nya heueuh atuh ngomongna Sunda. Sugan lieur… (Imas malik
ngadelékan)
Jesika : (nulak cangkéng) Eh Imas jangan so lu,mentang-mentang
punya temen baru,
Imas : Anu ulah so mah anjeun. Ngaku urang
sunda tapi teu daék nyarita sunda. Tuh tingali Ainun, geus lila cicing di kota
gé teu poho kana basa sorangan. Anjeunna mah Saumur-umur cicing di Subang, tapi
ngomong mamalayuan.
Rini
: (nangtung nyamperkeun semu
ambek) Eh, kamu nantang ya…émang dikasih apa sama si anak baru!
Imas : (sarua nangtung bari melak cangkéng). Emang
urang sieun ka manéh? Urang mah mélaan Ainun soténan lain pédah dibéréan, tapi
sebel wé naha nu ngomong Sunda waé kudu dipoyokan! Kawas lain urang Sunda waé!
Ainun : (milu nangtung). Tos! Tos! Tong parasea!
Teu nanaon dipoyokan kampungan ogé, da abdi mah sadidintenna nyanggem ku basa
Sunda. Wios dipoyokan gé da moal matak bohak. (bari ngenyang leungeun Imas).
Sarah : Nah gitu dong, kalo merasa kampungan
ngaku aja, jangan so Bandung segala.
Imas : (malik ka Sarah) Eh manéh dasar jelema
bedegong, batur ngéléhan téh kalah leuwih ngajago. Doraka siah popoyok ka batur
téh.
Sarah : Apa? Kamu jadi berani karena si anak kampungan
ini? (bari nunjuk ka Ainun)
Dina : Udah, kita hajar aja sekalian
dua-duanya….
Rini, Sarah, Jésika, jeung Dina, lalaunan
nyamperkeun ka Imas jeung ainun nu paromanna geus tegang. Tapi Imas jeung Ainun
teu mundur. Merong ka nu opatan. Keur kitu aya Bu Nani, guru BP, ngalangkung
payuneun kelas. Jigana mah dii béjaan ki Ida aya nu paséa.
Bu Nani :
Aya naon gening raribut?
Rini : (nyiku ka babaturanna mere isarah).
Ga ada apa-apa Bu, Cuma becanda aja sama temen- temen...(saréréa tarungkul)
Bu
Nani : Naon geuning
kakuping ku ibu mah si anak baru si anak baru kitu. Aya naon kitu sareng Ainun?
Sarah : Ga ada apa-apa Bu, suwér…
Imas : Bohong Bu, maranéhna moyokan ainun
pajarkeun téh kampungan pédah nyariosna ku Basa Sunda. Nya Imas gé kasigeung,
da Imas gé nyanggem téh ku Basa Sunda.
Bu
Nani : Naha geuning nu nyarios
Basa Sunda disebat kampungan? Ari Rini, Sarah, Jesika, sareng Dina urang mana
kitu?
Sagéng : (bareng ngajawab) Urang Subang Bu…
Bu
Nani : Ari Subang sanés
Sunda?
Rini : Sunda Bu…
Bu
Nani : Ari urang Sunda nyarios Sunda mah atuh hanteu kampungan da mémang éta
basana. Anu kampungan mah gaduh basa nyalira tapi langkung resep nganggo basa
batur…
Sarah : Tapi kan Bahasa Indonesia mah bahasa
nasional Bu, bukan bahasa orang lain…
Bu
Nani : Muhun pisan. Tapi pan aya waktu nganggona. Ari sadidinten nyarios sareng
urang Sunda deui di lingkungan Sunda mah, nya baé ku basa Sunda waé…
Imas : (bari jebi). Tah dangukeun Nénéng nu
sarombong, urang Sunda mah Sunda wé teu kedah gagayaan palay disebat ngota….
Rini, Sarah, Dina jeung Jesika
tingkélémés eraeun. Keur kitu aya Bu Lilis nyamperkeun.
Bu
Lilis : (ka Bu Nani) Bu, itu Ainun
disaur ku bapana…
Bu
Nani : Tos sumping kitu pa
kepala sakola? Tadi mah teu acan aya…
Bu
Lilis : Sumping nembé. Tadina bade ka
dieu nyaur Ainun, mung sanggem abdi téh wios dipangnyaurkeun.
Bu
Nani : (bari ngarérét
Ainun) Tuh Néng, disaur ku Bapa cenah…
Ainun : Mangga. Hatur nuhun Bu. Di kantun heula
atuh…(bari unggeuk ka Bu Nani sareng Bu Lilis tuluy ngaléos).
Bu
Nani : Mangga…mangga…
Rini : (semu reuwas, bengeutna pias). Ainun
téh…putra pa kapala sakola? (nyaritakeun ku basa Sunda. Pohoeun jigana bakating
ku reuwas)
Bu
Nani : Muhun. Nu mataak
ulah sok gampang papoyok ka batur téh. Geuning nu ku hidep disebat kampungan
téh putra Bapa Kepala Sakola, nu tangtosna gé hanteu kampungan.
Imas : Karaos….?ehmm….puaaaass tah…
Bu
Nani : Hus! Teu kénging
kitu, pamali!
Géng éta ngarasa fgféra jeung
kaduhung ku kalakuan anu geus ngahinakeun batur.
2 komentar:
Kumaha karakter tokoh tokohnya
Jji
Posting Komentar