Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Pages

Selasa, 09 April 2019

Bahasan Basa Sunda


Kentang



            Saha nu teu nyaho tangkal kentang? Tangkal kentang kaasup tatangkalan dikotil nu sifat na samusim jeung bentuk na semak/herba. Tangkal na anu aya diluhureun taneuh, aya nu warna na hejo semu bereum atawa ungu tua. Warna tangkalna dipangaruhan ku umur tutuwuhan jeung kaayaan lingkunganana. Dina taneuh nu leuwih subur tur garing, warna tangkal kentang nu kolot leuwih mencrang beda jeung nu ngora keneh.

            Kabeh jelema bareuki kentang. Kentang oge ngandung vitamin A, vitamin B, vitamin C, jeung Karbohidrat. Kentang bisa ngagedean, lamun dipelak dina kaayaan lingkungan anu pas jeung pasyaratan na. Kaayaan iklim jeung taneuh mangrupakeun hal penting nu kudu diperhatikeun, salian faktor nu sejen na. Kentang bisa gede tur alus, lamun dipelak di padataran luhur antara 500-3000 m dpl. Nu leuwih alus na 1.300 m dpl suhu relatif sakira 20oC. Dina taneuh nu pHna rendah, bakal ngahasilkeun kentang nu mutu na goreng.

            Kentang dikembangkeun ku cara umbi. Umbi nu alus , nyaeta umbi anu tos tunasan, jadi teu kudu ngayakeun tunasan deui. Tunasan nyaeta numbuhkeun sajumlah tunas nu sehat, ti umbi bibit, sababaraha minggon sateuacan na dipelak, supaya pepelakan na saragam.

            Hama nu aya dina tangkal kentang nyaeta :

·      Aphids atawa kutu daun.

Kutu daun ieu bisa nyebarkeun panyakit nu disebabkeun ku virus. Pangandalian na bisa ngagunakeun insektisida sismetik, sepertos Furadan 3 G (80 kg/ha), atawa ku Decis 2,5 EC (0,04%), Tamaran 200 LC (0,2%), dan Hostatron 40 EC (0,2%).

·      Wereng kentang (Empoasca Fabae Harr.)

Wereng kentang bisa nyebabkeun karusakan dina daun kentang. Nu sok nyerang kentang nyaeta nimfa na jeung sarangga gede. Sarangga gede warna  hejo ka koneng-konengan jeung panjangna 2,35-2,65 mm.

·      Thrips (Thrips Palmy Karny).

Thrips nyaeta hama nu leutik pisan, hese ditingali ku panon polostrong. Thrips nyebarkeun karusakan, kusabab manehna ngisep cairan daun, ngajadikeun warna daun  jadi kaperakan. Cara ngaleungitkeunana bisa ngagunakeun Furadan 3 G (80 kg/ha), atawa ku Decis 2,5 EC (0,04%), Tamaran 200 LC (0,2%), dan Hostatron 40 EC (0,2%).

·      Kumbang kentang.

Larva jeung sarangga dewasa. Kumbang kentang ngadahar jaringan daun, jadi daun teh tinggal tulang daun na jeung lapisan epidermis. Cara ngaleungitkeunana nyaeta ku cara nyemprotkeun Orthene 75 SP (0,1%), atawa Tamaran 200 LC (0,2%). Lamun ngaleungitkeun nu di gudang carana ngagunakeun Sevin 5 D seueurna 1,5 kg/ton kentang atawa ku nebarkeun bubuk daun Lantana camara anu tos digaringkeun sakandel 2 cm diumbi kentang na.



Panyakit nu sok nyerang tangkal kentang :

Ø Bercak garing gejala serangan na nyaeta awal na aya bercak leutik di daun-daun handap. Bercak ieu warna na coklat jeung aya buled-buled na. panyakit ieu sok aya dina tangkai daun batang, jeung umbi. Cara ngaleungitkeun panyakit ieu bisa ku Dithane M-45, Blitox-50, sareng Antracol.

Ø Panyakit busuk daun, gejala na nyaeta aya bercak baseuh bertepi acak-acakan, di sisi daun atawa ditengah na. Bercak ieu teh ngalebaran, tuluy mangrupa nekrotik, warna na coklat. Panyakit busuk daun ieu disebabkan ku Phytophthora Infenstans,nu sok aya dina tangkal kentang nu umur na 5-6 minggon ka luhur.

Kentang dipanen sakira umurna 3-4 bulan. Saatosna dipanen, alusna kentang dicandak saminggon saatos daun jeung tangkalna garing. Mun can  garing, mutu umbi na sok goreng, jeung kulit na sok lecet, janten teu bisa dijantenkeun bibit. Mun keur ngagali rek nyandak umbi, kudu ati-ati, ulah sampe umbi na rusak, kusabab beunang ku pacul atawa nu sejen na.

0 komentar:

Posting Komentar