Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Pages

Selasa, 09 April 2019

Drama Sunda


Kacaritakeun di kelas 9A aya murid anyar pindahab ti SMP Bandung. Budak awéwé geulis pisan, ngarana Ainun. Manehna sabangku jeung Imas. Di kelas éta gé aya géng nu katelah jarudes, so pinter jeung so beunghar nu anggotana opatan.  Ngarana Rini, Dina Jesika jeung Sarah.

Rini         : (ngomong tarik) Héy, tau ga, di kelas kita ada anak baru. Ih, so cantik pisan. Sebel aku da….

Jesika    : Iya, ga tauen kali, kita-kita pada lebih cantik….hahaha… (nu opatan saleseurian)

Ida          : Saha? Maneh geulis? Iy garila dot com…

Dina       : (molototan) Apa sih lu? Ikut-ikutan wae…

Ida          : Baé wéh..

Sarah     : si Ida rék ngadeketan si cewe baru nu beunghar téa..

Rini         : Iya, padahal si anak baruna kampungan ya…,ngomong wé pindahan dari Bandung, tapi    ngomongnya basa Sunda melulu hahaha…

Imas      : Emang ari Bandung dimana kitu? Lain Jawa Barat?

Dina       : Ya iya atuh, Jawa Barat (Bari ngadelék ka Imas nu lain anggota géngna)

Imas      : Terus, ari Jawa Barat mah mereun Sunda lain Betawi. Nya heueuh atuh ngomongna Sunda. Sugan lieur… (Imas malik ngadelékan)

Jesika    : (nulak cangkéng) Eh Imas jangan so lu,mentang-mentang punya temen baru,

Imas      : Anu ulah so mah anjeun. Ngaku urang sunda tapi teu daék nyarita sunda. Tuh tingali Ainun, geus lila cicing di kota gé teu poho kana basa sorangan. Anjeunna mah Saumur-umur cicing di Subang, tapi ngomong mamalayuan.

Rini         : (nangtung nyamperkeun semu ambek) Eh, kamu nantang ya…émang dikasih apa sama si anak baru!

Imas      : (sarua nangtung bari melak cangkéng). Emang urang sieun ka manéh? Urang mah mélaan Ainun soténan lain pédah dibéréan, tapi sebel wé naha nu ngomong Sunda waé kudu dipoyokan! Kawas lain urang Sunda waé!

Ainun    : (milu nangtung). Tos! Tos! Tong parasea! Teu nanaon dipoyokan kampungan ogé, da abdi mah sadidintenna nyanggem ku basa Sunda. Wios dipoyokan gé da moal matak bohak. (bari ngenyang leungeun Imas).

Sarah     : Nah gitu dong, kalo merasa kampungan ngaku aja, jangan so Bandung segala.

Imas      : (malik ka Sarah) Eh manéh dasar jelema bedegong, batur ngéléhan téh kalah leuwih ngajago. Doraka siah popoyok ka batur téh.

Sarah     : Apa? Kamu jadi berani karena si anak kampungan ini? (bari nunjuk ka Ainun)

Dina       : Udah, kita hajar aja sekalian dua-duanya….

  Rini, Sarah, Jésika, jeung Dina, lalaunan nyamperkeun ka Imas jeung ainun nu paromanna geus tegang. Tapi Imas jeung Ainun teu mundur. Merong ka nu opatan. Keur kitu aya Bu Nani, guru BP, ngalangkung payuneun kelas. Jigana mah dii béjaan ki Ida aya nu paséa.

Bu Nani                : Aya naon gening raribut?

Rini         : (nyiku ka babaturanna mere isarah). Ga ada apa-apa Bu, Cuma becanda aja sama temen- temen...(saréréa tarungkul)

Bu Nani                : Naon geuning kakuping ku ibu mah si anak baru si anak baru kitu. Aya naon kitu sareng Ainun?

Sarah     : Ga ada apa-apa Bu, suwér…

Imas      : Bohong Bu, maranéhna moyokan ainun pajarkeun téh kampungan pédah nyariosna ku Basa Sunda. Nya Imas gé kasigeung, da Imas gé nyanggem téh ku Basa Sunda.

Bu Nani                : Naha geuning nu nyarios Basa Sunda disebat kampungan? Ari Rini, Sarah, Jesika, sareng Dina urang mana kitu?

Sagéng : (bareng ngajawab) Urang Subang Bu…

Bu Nani                : Ari Subang sanés Sunda?

Rini         : Sunda Bu…

Bu Nani : Ari urang Sunda nyarios Sunda mah atuh hanteu kampungan da mémang éta basana. Anu kampungan mah gaduh basa nyalira tapi langkung resep nganggo basa batur…

Sarah     : Tapi kan Bahasa Indonesia mah bahasa nasional Bu, bukan bahasa orang lain…

Bu Nani : Muhun pisan. Tapi pan aya waktu nganggona. Ari sadidinten nyarios sareng urang Sunda deui di lingkungan Sunda mah, nya baé ku basa Sunda waé…

Imas      : (bari jebi). Tah dangukeun Nénéng nu sarombong, urang Sunda mah Sunda wé teu kedah gagayaan palay disebat ngota….

                Rini, Sarah, Dina jeung Jesika tingkélémés eraeun. Keur kitu aya Bu Lilis nyamperkeun.

Bu Lilis   : (ka Bu Nani) Bu, itu Ainun disaur ku bapana…

Bu Nani                : Tos sumping kitu pa kepala sakola? Tadi mah teu acan aya…

Bu Lilis   : Sumping nembé. Tadina bade ka dieu nyaur Ainun, mung sanggem abdi téh wios dipangnyaurkeun.

Bu Nani                : (bari ngarérét Ainun) Tuh Néng, disaur ku Bapa cenah…

Ainun    : Mangga. Hatur nuhun Bu. Di kantun heula atuh…(bari unggeuk ka Bu Nani sareng Bu Lilis tuluy ngaléos).

Bu Nani                : Mangga…mangga…

Rini         : (semu reuwas, bengeutna pias). Ainun téh…putra pa kapala sakola? (nyaritakeun ku basa Sunda. Pohoeun jigana bakating ku reuwas)

Bu Nani                : Muhun. Nu mataak ulah sok gampang papoyok ka batur téh. Geuning nu ku hidep disebat kampungan téh putra Bapa Kepala Sakola, nu tangtosna gé hanteu kampungan.

Imas      : Karaos….?ehmm….puaaaass tah…

Bu Nani                : Hus! Teu kénging kitu, pamali!
                Géng éta ngarasa fgféra jeung kaduhung ku kalakuan anu geus ngahinakeun batur.

2 komentar:

Unknown mengatakan...

Kumaha karakter tokoh tokohnya

rar mengatakan...

Jji

Posting Komentar