Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Pages

Selasa, 09 April 2019

Biantara


Kareueus Nonoman kana Budaya Sunda              

ARINI RATNASARI  X Mia 1



Assalamualaikum Wr.Wb.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat….

            Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti Nu Maha Suci, réhna sadayana tiasa patepung lawung dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan tiasa kahontal sagala anu dipimaksad. Aamiin.

            Ngadegna sim kuring dina wakos ieu payunen bapa guru sareng réréncangan bade nyobi ngaguar téma biantara anu judulna Kareueus Nonoman kana Budaya Sunda.

            Hadirin anu ku sim kuring dipihormat….

            Ulah  ngaku urang sunda, mun teu tiasa basa Sunda. Jaman kiwari nonoman teu tiasa basa Sunda, béda pisan jeung jaman baheula. Jaman baheula mah nonoman téh meuni farasih ku basa Sunda. Tudana ayeuna mah basa Sunda téh kaéléhkeun ku basa asing. Nonoman kiwari mah bangga mun bisa basa asing, tibatan basa Sunda, basa asli urang Sunda.

            Salian ti ngagunakeun basa Sunda, urang sunda ogé kudu kareueus kana kabudayaan Sunda. Cik naon waé gera kabudayaan Sunda nu asalna ti daerah Subang? Aya nu terang teu? Nya muhun leres sisingaan. Sisingaan dijieuna tina kai anu diropéa  nepi ka jiga singa, ditanggung ku opatan, ditumpakan ku saurang atawa dua urang budak sunat. Jaman baheula mah sisingaan téh mangrupa simbol atawa lambang pikeun ngaggambarkeun bangsa urang nu dijajah ku Walanda. Yén urang Walanda bisa ditumpakan ku bangsa urang nyaéta budak sunat. Béda jeung jaman kiwari, kiwari mah sisingaann téh bener-bener salah sahiji kasenian daérah anu pungsia éstu pikeun raraméan wungkul. Sisingaan sok ditanggap ku nu hajat nyunatan atawa ngariakeun ngaréncég-réncég di dangdanan. Tumpak sisingaan dialeut-aleut mapay jalan ngurilingan lembur bari di reuah-reuah ku tatabeuhan kendang penca. Kiwari mah sok ditambah ku genjring ronyok atawa tardug, malah aya nu sok maké dangdutan.

            Hadirin anu dipihormat….

            Aya deui kasenian khas ti daérah Subang, cik naon deui gera? Aya nu terang? Di Subang ogé aya kasenian dogér kontrak. Kapungkur dogér kontrak sok dipagelarkeun di kontrak-kontrak perkebunan. Subang téh pan daérah perkebunan. Numawi kasenian rahayat model dogér kontrak geus langka nu nanggap. Salian ti éta aya ogé beletuk ngapung, ketuk tilu, dombrét jeung sajabana.

            Hadirin anu dipihormat….

            Urang sadaya kalaan urang sunda kedah kareueus sareng térang kana basa, budaya jeung kaseniann daérah. Jalmi asing ogé hayang nongton atawa bisa kasenian Sunda. Maénya urang sunda kaéléhkeun ku jalmi asing. Ku kituna hayu urang lestarikeun budaya sareng kasenian Sunda ulah nepikeun ka punah.Mung sakitu wae biantara sim kurung. Hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Wabilahitaufik walhidayah.

            Wassalamualaikum Wr.Wb.

0 komentar:

Posting Komentar