Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Pages

Selasa, 09 April 2019

Ringkasan Buku Patepung di Bandung


A.       Identitas Buku

1)       Judul Buku     : Patepung di Bandung

2)       Karangan          : Taufik Faturohman

3)       Penerbit              : CV Ceger Sunten

4)       Jumlah Kaca    : 112 Kaca



B.       Ringakasan Carita/Buku :



Patepung di Bandung

  

Geus lila Ema téh hayang pindah imah, hayang ngabrangbrangkeun haté. Dua bulan ka tukang Ema nyarita ka kuring. “Kondi mun Ema pindah, maneh rék ngilu saha? Ema atawa Bapa?” ceuk Ema. Kuring icing, teu méré jawaban. Kahayang kuring mah, Ema jeung Bapa téh teu kudu papisah. Panghasilan bapa ayeuna teh meuni samporét pisan, kulantaran éta Ema teh hayang papisah. Kuring sok inget basa jaman Bapa keur jaya, jaman potrét kelir can ngaranjah désa, panghasilan Bapa motrét leuwih ti cukup. Sok nyésa, da hanteu gareyek kulawarga kuring mah, da ngan ukur opatan! Ema, Bapa, kuring, jeung Kang Odong.

Bari ngadon bapa ngider, Ema muka warung hareupeun imah. Dagangan na sabangsa dahareun asakan, babakuna kadaharan barudak. Nu pangpayuna téh céndol jeung baso, komo deui mun keur usum dibuat mah cendol pangpayuna. Sok resep nempo duit dina méja téh. Kuring jeung Kang Odong sok kabagéan duit, kadang saratus, kadang ogé dua ratus. Ngan Kang Odong mah sok tara sugema ku paméré Ema, sok hayang baé tilu ratus.

Kang Odong teu ngalanjutkeun ka SMP. Horéam cenah. Ku Bapa mindeng di jungjurung ogé, manéhna keukeuh mugen. Bapa bosen ngajungjurung Kang Odong, da jang naon atuh sakola ari lain kahayang sorangan mah, kalebar-lebar duit. Ti basa SD gé Kang Odong mah osok bolos sakola. Malah keur kelas genep manéhna nyandu kana udud. Anu matak pantes manéhna hambur kana duit téh. Ari kana udud geus nyandu, ari panghasilan can boga. Kuring sok nénjo Kang Odong, nyokot duit dina sorog warung. Ku kuring tara dibejakeun ka Ema, kusabab sieun manehna ngakalakeun. Kang Odong teu daekeun néangan duit, sapopoé na ukur ulin jeung ulin deui.

Hiji mangsa, datag si Tokeh muka toko potrét. Puguh baé si Tokeh jaya, kulantaran manéhna motrét maké pilem kelir, loba langganan bapa anu parindah. Akhirna Bapa pindah motrétna ngaggunakeun pilem kelir. Sanajan geus diganti ogé anggeur baé usaha Bapa téh teu jaya. Bangkrut baé usaha Bapa. Bapa uleng mikir  néangan lahan usaha séjén. Bapa ngajual tustél, duitna dibeulikeun kana roda baso Ari duit céngcéléngan meunang ngumpulkeun Ema ti baréto béak dipaké hirup sapopoé sabot usaha motrét Bapa tiiseun.

Bapa dagang baso diburuan SMP.  Pasapon anu muka warung tukangeun sakola ngarasa kaéléhkeun ku Bapa, da loba nu meuli baso. Jigana baé éta pasapon ngalapor kana Kapala Sakola sangkan Bapa sabalad-balad teu diidinan dagang di dinya. Bapa beuki baé putus asa. Hiji poé Bapa kapanggih jeung Mang Janta. Mang Janta ngajak Bapa ka Jakarta, ngadon kuli némbok dina salahsahiji parusahaan bangunan. Bapa daékkeun.



Lima poé saprak Bapa indit, aya ambulan eureun di hareupeun imah. Eusina, Bapa ngajolopong dina blangkar disimbut lawon belang. Ceuk Mang Janta, cenah Bapa téh ragrag basa keur némbok di tingkat dua! Hadéna teu ragrag tina lantai tilu. Ema nyegruk ceurik bari nalaeukeuman blangkar. Ti harita saprak ragrag bapa tara gawé deui. Ngan ukur saré, dahar, jeung diuk kagiatan sapopoé Bapa téh. Ema nagarasa keseleun, kusabab Bapa teu daék baranggawé. Kahirupan kuring ayeuna, sangsara pisan. Dahar ogé ngandelkeun paméré batur. Sagala parabot geus dijual pakeur hirup sapopoé. Nepi ka eusi imah ngan kari ranjang paranti saré Ema jeung Bapa, korsi baé sasetél deui. Kuring jeung Kang Odong mah cukup saré dina amparan samak dilapis ku kasur lépét.

Nempo kaayaan kitu, teuing sétan naon anu ngarasuk kana hate indung kuring, Ema mindeng kadéngé ngajéléjéh Bapa. Geus bosen asana Ema nyarita “eweuh guam,” atawa “eweuh gadag,: ka Bapa. Pamungkas, sanggeus sarébu sétan meungpukeun haténa, Ema ménta papisahan. Bapa ngan bisa tungkul, ngadéngé paménta Ema kitu. Jigana nolak jeung hanteu ogé eweuh mendingna. Mun ditolak, bisa jadi Bapa geus ngarasa bosen digambréng jeung dijélejéh ku Ema. Ari diturutkeun, meureun ngarasa salempang pédah pipisahan téh bakal ngorbankeun anak. Eweuh jalan séjén anu bisa diturut ku Bapa, iwal tungkul jeung tungkuk baé.

Tapi ahirnama teu burung laksana kahayang téh. Sanggeus paséa rongkah, Ema jeung Bapa mangadep ka panggilan agama. Pipisahan teu bisa disingkahan. Aya émbohna kaputusan ti pangadilan aga téh. Bapa kudu mangnyieunkeun imah pakeur Ema. Ari kuring diajak pindah ku Ema, kuring ngan bisa gideg. Kuring jeung Kang Odong geus sapakat rék maturan Bapa, keun sakali-kalieun kuring jeung Kang Odong nganjang ka Ema.

Sanggeus ditinggaleun ku Ema, karasa pisan ripuhna. Ari Kang Odong mindeng abur-buran. Demi gawéna ngan ider-ideran baé milu kana treuk sampeu bogana Si Akiw, babah nu geus puluh-puluh taun bubuara di kampung kuring ngadon muka pambrik aci. Kang Odong ayeuna mah gédé ambek, kuring salah saeutik dicarékan. Kungsi keur itu sirah kuring didegungkeun kana tembok, pédah nyeuseuh baju teu bener.

Nempo kaayaan bapa kitu, hadéna loba anu barangbéré. Kuring ngan ukur bisa ngoyéh di susukan, ngadon ngala remis jeung tutut.  Keur deungeun sangu angkanan. Kadang-kadang sok nékrokan pucuk sampeu atawa génjér. Kuring gé osok ngala huut badag ti panggilingan paré, dikunjalan dina karung urut gemuk. Sakarugna téh payu lima ratus perak. Huut badag téh keur gaganti suluh jeung dadampar kandang hayam.

Hiji poé Kang Odong nyarita ka Bapa, yén manéhna diajak ngenékan ku Mang Pidin. Eta ajakan téh ditarima ku Kang Odong. Panghasilan Kang Odong dina ngenékan téh, lumayan bisa ngabantu ékonomi kulawarga ayeuna. Hiji poé, kuring nyempetkeun ulin ka imah Ema, kasampak aya semah lalaki. Dedeg pandegna sembada. Jigana handapeun Bapa saeutik umurna téh. Basa dibejakeun ka Bapa yén aya semah lalaki di imah Ema, Bapa tuluy kerung. Teuing mikiran naon. Hayang pisan nanyaann, naon nu  aya dipikiran bapa téh, ngan kuring teu wani.







Aya beja, cenah Ema téh kawin deui. Basa nganjang ka Ema, sidik pisan semah lalaki anu baréto salaki Ema téh. Kuring tuluy bebeja ka Bapa. Bapa katémbong kerung deui. Ditilik-tilik téh dina juru panon Bapa merebey cimata. Bapa ngagerendeng “Tengteuingeun.” Ayeuna Bapa mindeng ngalamun. Gawena ngan nguyek baé di kamar.  Teu lila ti harita, Bapa nyebrét panas. Tuluy ku kuring di bawa ka Pa Mantri. Ceuk Pa Mantri cenah Bapa téh katerap liver. Tong loba teuing dahar nu haseum-haseum, sarta kudu loba ngadahar dahareun anu gédé gizina.

Kang Odong anu tadina disawang rék nyangkeun deui kulawarga, buktina mah teu benang terus diandelkeun kalah pruk kawin. Ayeuna imah téh beuki kosong, Kang Odong ngadon nyewa imah ti Haji Sukria. Imah bilik ukuran lima ka opat méter, disewa lima puluh rébu sataun. Saprak Kang Odong kawin mah, saat baé kabiasaan méré duit keur balanja téh. Beuki kadieu panyakit ngalamun Bapa katémbong beuki parna. Lian ti boga kabiasaan uleng mikiran hal-hal anu ku kuring teu kapikirkeun , sakapeung katémbong Bapa sok sésérénggéhan. Nempo Bapa kitu, dunya téh  karasana beuki inggeung baé.

Dina hiji poé, kuring meunang béja yén Kang Odong diereunkeun tina gawéna. Cenah mah kulantaran ngademitkeun duit setoran. Béja ieu ku kuring ngahaja teu ditepikeun ka Bapa, lantaran geus tangtu bakal jadi balabuh. Waktu kuring ulin ka imah kontrakanana, Kang Odong keur ngalamun. Karunya kitu na mah. Untungna téh Ceu Iti na sabar teu réa omong.

Hiji peuting, Kang Odong ngahudangkeun kuring, yén Ceu Iti rék ngalahirkeun. Kuring jeung Kang Odong geura-giru neangan Ma Paraji. “Ka Ma Emot baé nu dekeut, pan uwa Paraji mah geus pindah ka lembur peuntas.” ceuk Bapa. Tuluy baé kuring jeung Kang Odong ka Imah  Ma Emot. Eh cenah téh, Ma Emot na keur ka Lempegan, balikna téh isukan. Ceuk si Surja mah, anak na Ma Emot, ka Bi Manah baé, da sarua sok marajian. Tuluy baé ka imah Bi Manah. Mimitina mah Bi Manah téh embungeun, kulantaran can bisa teuing marajian. Dijungjurung ku kuring téh, ahirna mah daekeun marajian. Heuleut dua jam ti harita ti kamar kadéngé nu kocéak tarik pisan, di susul ku ngéarna orok. Kuring tuluy lumpat ka imah ngabéjaan Bapa. Ceuk  Bapa téh kuring ayeuna kudu ka imah Ema, méré béja, ngan kuring embung, asa hoream ka imah Ema téh.

Anak Kang Odong téh lalaki. Ceuk Bi Manah, beuratna ogé aya kana tilu kilona. Buukna galing, nurun ka bapana. Teu lila kuring di imah Kang Odong téh, kulantaran kudu sakola. Ayeuna mah diajar téh kudu sing suhud. Da rék nyanghareupan ujian. Hayang geura-geura anggeus sakola téh, hayang mantuan Bapa jeung Kang Odong. Balik sakola, kuring ngahaja nyimpang ka imah Kang Odong, di imah Kang Odong geus aya Ema, nu keur ngalongok ceu Iti. Karunya pisan kahirupan Kang Odong téh. Enya tuda kacipta susahna hirup teu boga gawé. Eta ogé manéhna sok rajeun kalayang-koloyong neangan pakulian.

Dina hiji poé, kuring menang béja nu pikareuwaseun, yén Kang Odong ditéwak ku pulisi, tuluy dibawa ka kacamatan. Ceunah mah Kang Odong téh tas ngabongkar toko Haji Isak. Bapa nanyaan baé Kang Odong, kunaon teu datang-datang ngalongok. Kuring teu wani ngajawab ka Bapa, bisi jadi pipikiran. Sugan kuring Bapa teu terang, yén Kang Odong dibanda ku pulisi, nyaho na téh Bapa terangeun. Kuring di papatahan ku Bapa “Tah, nu matak ku manéh jadikeun eunteung, Kondi. Lalampahan lanceuk maneh téh . Mun can boga panghasilan tetep mah ulah waka hayang kawin.”

Tilu poé deui hasil ujian kuring téh diumumkeun. Hayang pisan neruskeun sakola jiga batur. Cacak mun kaayaan kuring kawas baréto mah, kuring bakal terus sakola. Tilu poé teu karasa, ayeuna hasil ujian kuring diumumkeun. Ahirna kuring lulus ogé. Tékad kuring geus buled, yén kuring rék gawé baé, méh bisa ngabantuan ékonomi kulawarga.

Kuring ditarima digawé di pabrik acina Si Akiw tea. Kuring gawé sapopoé jumput, mangkat isuk, balik sore.   Kayaan Bapa nepika ayeuna teu aya  parobahan. Nepi ka hiji peuting mah, Bapa ku kuring dihudangkeun téh teu hudang-hudang. Bapa téh tilar dunya. Kuring ceurik gogowakan bari ngarontok Bapa. Bapa anggeur keneh teu hudang-hudang. Bapa  téh tuluy dimakamkeun. Kuring ayeuna téh cicing di imah Uwa Alkasan. Sabenerna mah Ema gé ngajakan, kuring cicing di imahna. Ngan kuring téh  hoream cicing di imah Ema.

Teu karasa geus aya sataun, kuring gawé di Si Akiw.  Bener ceuk Si Encur, mun hayang undak kahirupan mah kudu undak ka kota. Tapi, ka kota téh saha anu baris dituturkeunana, da kuring mah teu boga baraya anu boga pakasaban di kota. Dina hiji waktu, kuring ditawaran gawé ku Kang Mahmud, sina ngajagaan jongko béas Mang Mahmud di kota. Kuring tarima éta gawé. Miang ka kota téh tilu poé deui. Kuring nyempetkeun nganjang ka imah Ema, rék ménta réstu. Ema téh hayang ngajual imah Bapa, pakeur modal suami Ema nu ayeuna. Ku kuring teu dibérékeun, lebar, asa waas ari ningali imah Bapa téh.

Poé ayeuna kuring miang ka Bandung, imah Bapa téh kuring putuskeun di kontrakeun baé ka Si Umri. Kira-kira tabuh lima kuring geus anjeucleu dina mobil. Kuring téh kabagéan diuk ditukang, dina luhureun tumpukan karung béas. Tabuh dalapan, mobil geus cunduk dina pasar. Pasar na téh meuni ramé pisan, beuki peuting téh lain beuki sépi kalah beuki ramé.

Geus meunang dua poé Mang Mahmud mamatahan kuring kumaha prak-prakan na ngalaksanakeun pancén.Teu sababaraha hésé, ngan ukur purah nyatet-nyatetkeun saha waé nu nyokot barang ka Mang Mahmud, jeung sakumaha deuih lobana. Lamun aya nu rék nyetor duit, éta mah kudu langsung ka Mang Mahmud. Barang mimiti mah ngarumas pisan saré dijongko téh.  Eta tuda gandéng. Tapi lila-lila mah bisa peureum. Jongko nu ditungguan ku kuring mah bukana ngan beurang wungkul. Mang Mahmud téh sok datang ka jongko Jumaah peuting, bari mawa béas, tuluy balik deui ka lembur.

Kuring di pasar geus wawuh ka Si Sule jeung Si Ahid. Si Ahid jeung Si Sule atuh matuhna di kenca-katuhuen tempat jongko kuring. Si Ahid mah nungguan jongko sabangsaning bebeutian, ari Si Sule mah jongko cau. Teu karasa, kuring icing di ieu pasar geus aya sabulan. Kuring menta antér meuli radio ka Mang Mahmud. Mani kacida atohna kuring boga radio téh. Komo deui ieu sasatna lading sorangan, najan gegedéna mah duit ladang nyéwakeun imah.  Geus rék sataun Kang Odong teu aya kabarna. Carita na ma kuring jeung Kang Mahmud rék mapay Kang Odong. Nepi ka kapanggih.





Hésé pisan néangan Kang Odong téh. Sakitu kuring jeung Kang Mahmud ngubék-ngubék kana satengah poéna, ngabéla-bélaan nutup jongko, angger kénéh teu kapanggih. Kang Odong téh cenah mah bebasna geus lila. Ngan minangka anu ngalantarkeun kuring rada reugreug téh barang ngadéngé katerangan ti petugas, cenah Kang Odong kawas anu rek enya-enya babalik pikir. Cenah mah basa keur di panjara, Kang Odong téh dekeut jeung Asep Dodoy. Tuluy diteang wéh alamat Asep Dodoy téh, sugan aya Kang Odong. Denge-denge mah, Asep Dodoy téh dagang minyak di pasar. “Euhh. Mun Asep Dodoy éta mah Mamang ogé terang” ceuk Mang Mahmud. Tuluy wéh kuring jeung Mang Mahmud ngadatangan kios Asep Dodoy.

“Assalamualaikum. Bener ieu téh kios Asep Dodoy?”  ceuk Mang Mahmud. “Enya bener, abdi Asep Dodoy téh. Aya naonnya?” tembal Asep Dodoy. “Eta badé naroskeun, di dieu aya nu gawé teu ngarana Sodong atawa Odong.” Ceuk Mang Mahmud. “Oh, muhun aya. Ngan mun ayeuna mah, Kang Odong keur nganterkeun barang, kedap deui gé uih da.” Tembal Asep Dodoy. Teu kungsi lila, aya treuk ka kios na Asep Dodoy. Soca kuring tuluy ningali saha nu nyupiranana, asa apal. “Tah gening budak na.” ceuk Mang Mahmud. Kuring tuluy nangkeup Kang Dodong. Asa ngimpi kapanggih Kang Odong téh.

“Kang, kunaon kaluar ti bui, bet teu balik-balik ka lembur?” ceuk kuring. “yehh, carita na mah, uing  téh rék nepi sukses di kota téh, karék balik ka lembur.” tembal Kang Odong. “Naha make kudu kitu heula Kang?” ceuk kuring. “Sualna kieu euy, uing ti heula ninggalkeun lembur téh bari céda deuih, malah jadi wiwirang pikeun kolot jeung dulur. Tah, mun uing balik deui ka lembur bari kayaan angger rudin, paling ukur meunang panghina engkéna téh. Jeung teu mustahil batur arembungeun didarekeutan. Anu matak balik deui ka lembur téh hayang bari aya ténjoeunana. Sugan ku cara kitu, kuring bisa ditarima deui dimasyarakat. Ayeuna téh kuring ekeur ngabangun imah di kidulen lapang Tegallega. Ngke paling mun geus bérés kuring jeung Ceu Iti pindah imah.” tembal Kang Odong.

Kuring jeung Kang Odong geus sapakat, yén dua poé deui, kuring jeung Kang Odong rék balik heula ka lembur, bari mawa Ceu Iti ka kota.Teu karasa isukan kuring jeung Kang Odong balik ka lembur make mobil pick up,  bogana Asep Dodoy. Datang ka lembur, anu pangheulana téh ditepungan Ema. Kuring ku Ema dititah icing di lembur, ngan kuring teu bisa da kudu digawé. “Kondi, maneh hayang kénéh sakola pan?” ceuk Kang Odong. “Hayang sih, tapi da kumaha(?)” tembal kuring. “Kieu wéh, ayeuna manéh di lembur waé sakola, keun uing wéh nu di gawé, waradagna jadi tanggung jawab uing.” ceuk Kang Odong. Atoh pisan ari ngadéngé kitu téh. Ahirna kuring bisa sakola deui.

C.      Komentar

Novel ieu alus pisan. Loba nilai-nilai moral anu bisa diturutan. Diantarana, urang téh kudu tabah jeung tawakal lamun keur ditimpa masalah. Urang ogé kudu ngabantuan kolot.  Hirup téh kudu sederhana, ulah loba gereyek. Kudu rajin nabung, pakeur kahirupan ngke.

0 komentar:

Posting Komentar