Welcome to my blog, hope you enjoy reading
RSS

Pages

Selasa, 09 April 2019

Biografi Dina Basa Sunda


Si Trundul Tomboy



Saacan muka tulisan nu nyaritakeun jalmi nu dipihormat ku sim kuring, saé na urang ngucapkeun puji kalawan syukur ka Gusti nu Maha Suci tina sagala rahmat sareng hidayah Na, teu hilap sholawat sareng salam ka Junjungan Nabi Muhammad saw. Alhamdulillah dugi ka danget ayeuna urang sadayana dipasihan ni’mat lahir sinareng bathin.



Sim kuring rék nyaritakeun jalan hirup Néni Nuryani nu pituin indung kuring sorangan. Nu kukuring dipihormat sareng dipikanyaah jeung dijadikeun toladan ku sim kuring. Kuring hayang bisa nurutan laku lampahna anu hadé, hayang bisa suksés bisa digawé jeung jadi ibu rumah tangga anu hadé siga indung kuring. Indung kuring kaasup ibu rumah tangga nu bisa disebat ”istri binangkit”, nu bisa ngatur waktu keur digawé di kantorna jeung ngurusan rumah tangga kaasup ngaping jeung ngatik anak-anakna supaya jaradi barudak anu disiplin, taat ka agama jeung darigama, pinter tur hormat ka nu leuwih kolot. Cenah mah Indung kuring téh bisa kitu lantaran ku pangalaman hirupna nu di atik ku kolotna jeung pangalaman hirup nu dirasakeun ku anjeunna.



Néni Nuryani téh urang Sunda tapi lain Sunda asli, kusabab logat cariosanana teu tiasa nyunda janten disebat na teh Jasun (Jawa Sunda). Kulantaran di lahirkeunana di Dusun Jurutilu Désa Sukamandijaya Kecamatan Ciasem, Kabupaten Subang nu ayana di wilayah kaler kota Subang nu bahasa sapopoéna ogé basa Sunda anu kasar jeung basa Jawa réang/kasar, katambah ku turunan anu kuat, bapana ti Plumbon Cirebon nu basa Jawa na kentel ari ibuna ti Cikonéng Ciamis.



Ramana Néni namina H.M. Yasin nu didamel janten guru di SD, ibuna Hj. Sholihat teu di damel mung saukur ibu rumah tangga. Pa Yasin gaduh putra opat nya éta Yayah Sutiani nu ka hiji, Asep Wahyudin nu ka dua, nu ka tilu na nya éta Neni Nuryani, si bungsu Budi Heryanto. Opatannana di atik teu aya nu di ogo, diajar prihatin, disiplin kana agama jeung darigama ogé rajin sakola tur mantuan kolot. Hal ieu nu ngajadikeun palaputrana tiasa janten jalmi anu suksés dina kahirupannana, anu silih pikanyaah nepi ka iraha waé ogé. Loba atikan jeung conto ti indung bapana Néni nu diterapkeun di kahirupan Néni. Yu urang pedar caritana.



Neni dilahirkeun poe Senén kaping 7 Oktober 1974. Cenah mah dilahirkeunana ogé basa imah kolotna keur diburak dibeneran, mantakna dilahirkeunana ogé di Goah paragi nyimpen paré. Cenah mah harita téh di pasihan nami na ogé ”Sanimah” singkatan tina sésa nyieun imah, tapi ku akina diganti jadi Néni Nuryani ngéwa cenah Sanimah mah.



Ibuna Néni gaduh pangawakan lintuh bayuhyuh mantakna teu tiasa gesit dina nyepeng padamelan, supados teu kabolér padamelan sapopoé osok dibantuan ku rakana Néni nya éta Yayah. Ti oorok Néni mah diurusan ku lanceukna padahal lanceukna téh karak umur 10 warsih, da lain Néni waé nu kudu di urusan salian ti Néni aya Asep lanceuk nu beda 3 warsih jeung Néni. Salian ti éta rama na ogé Pa Yasin jalmi hadé haté sareng sok mantuan pagawéan di imah saking ku nyaah-nyaahna ka anak jeung pamajikan. Salian ti janten Guru SD ramana Néni oge osok ngical kurupuk bari ditanggung diiderkeun ka tatangga désa. Saurna téh lumayan kanggo nambihan panghasilan, kanggo nyakolakeun barudak nepi ka universitas ulah siga bapa ngan saukur tamat Sakola Guru, barudak mah kudu mesat sakola saluhur luhurna.



Kaluwarga pa Yasin éstu kaluwarga nu runtut raut sanajan hirup saayana ogé. Panghasilan tina ngajar dianggo tuang sadidinten sedengkeun panghasilan tina icalan kurupuk diasupkeun kana céngcéléngan ti awi nu ayana di bilik kamarna. Kolotna Néni tara ngawowoy barudakna ku sagala rupa kadahareun atawa artos éstuning diajar prihatin di kahirupannana, tapi mun dina ngala élmu keur barudakna diutamakeun pisan. Mantak mun barudakna aya nu hayang kaulinan osok dipangadaamelkeun ku bapana. Contona mun hoyong momobilan teras sok didamelkeun momobilan tina kayu anu banna tina cangkang jeruk bali. Ku dipasihan momobilan nu kawas kitu ogé barudak mah tos barungaheun. Tah mantak lalakon kahirupan Néni waktos alit téh nerap nepi ka ayeuna, ngajadikeun jalma anu teger nyanghareupan kahirupan. Sabab loba conto-conto kahadéan ti kolotna nu bisa di pulungan dijadikeun picontoeun keur dirina.



Alitna Néni diisian ku rasa kabungah nu pohara, kusabab indung bapana méré kanyaah jeung ngatik dirina kalawan hadé. Sapopoé na waktu diatur didamelkeun jadwal, aya waktu keur mantuan kolot, aya waktu keur diajar, ogé aya waktu keur ulin jadi teu mantak bosen.



Ti leuleutik isuk-isuk hudang saré mantuan indungna diajar kukumbahan piring saacan sasarap, terus angkat ka sakola. Sauih ti sakola tuluy ulin nepika waktuna ngaos nepi ka jam opat soré, tuluy diajar sasapu buruan saacan mandi soré. Tuluy angkat ka masjid ngiringan ngaos deui dugi ka isya, nembé maos palajaran kanggo énjingna. Mantak nepi ka ayeuna Néni ngagaduhan kahoyong putri-putrina ogé tiasa ngatur waktos siga manéhna waktos alit. Kabiasaan mantuan kolot diteruskeun nepi ka saacan Néni kénging padamelan, saatosna kénging padamelan mah ngan mun libur wungkul tiasa mantuan bébérés imah kolotna téh.

Kaulinan Néni basa manéhna leutik kénéh nya éta : gémpar (kaulinan barudak nu maké batu aralit kanggo alatna biasana sok sorangan lawan sorangan atawa ngagrup), congklak (kaulinan barudak nu maké kuwuk atawa batu nu jadi alatna, biasana dimaénkeun ku duaan), bola békles (kaulinan barudak nu maké bola békel jeung kerang atawa kuwuk nu jumlahna aya genep siki), éngklé/somlah (kaulinan budak nu nyieun garis kotak-kotak dina taneuh, maénna suku bari diangkat hiji nu disebut éngklé téa), luncat tinggi (kaulinan budak nu maké karét diruntuykeun, aya nu nyepengan duaan minangkana nu jadi jaga, tuluy aya nu ngaluncatan karét nu dibentangkeun, biasana dimaénkeun ku tiluan atawa leuwih), maén karet, dadagangan jeung sajabana kaulinan anu biasa diulinkeun ku barudak awéwé.

Kusabab Néni mah teu jauh umurna jeung Asep lanceukna, manéhna sok mimilu lanceukna mun keur ulin jeung babaturanana. Atuh kaulinan budak lalaki ogé remen diiluan ku Néni nepi ka jadi pangaresep mun tos miluan kaulinan lalaki téh. Contona mun sasapedahan embung jeung babaturan awéwé hayangna jeung lanceukna tur baladna, miluan maén bal dilapangan bari jeung ngan awéwé sorangan ogé, miluan tataékan tangkal jambu batur, miluan maén béngkat (kaulinan budak nu biasa dimaénkeun ku budak lalaki maké bata atawa batu nu rada gedé), maén kaléci, maén bonbonan, jeung sajabana kaulinan budak lalaki kantos miluan da kuresep jeung aya baturna deuih nya éta lanceukna jadi kolotna ogé teu melangeun.

Néni mimiti hayang sakola téh dina umur 4 warsih, manéhna mimilu babaturan awéwéna nu meneran tatanggana pisan tapi ari umur leuwih kolot itu 2 taun, kusabab baheula mah teu aya PAUD atawa TK siga ayeuna nya manéhna langsung asup sakolana ka Madrasah Jamiatul Khoér di Jurutilu nu deukeut ka bumina. Sataun mimilu sakola didinya téh nepi ka kanaikan kelas, ceuk guru na mah pantes mun Néni naék ka kelas dua, tapi ceuk lanceukna nu panggedéna nya éta Yayah nyaram Néni dinaekkeun ka kelas dua da masih alit kénéh, saéna mah sarengkeun deui waé sareng rerencanganana Uni sareng Yayah nu teu naék kelas ngarah aya rencangna cenah. Ahirna Néni ngabalenan deui kelas hiji bareng jeung batur ulinna.

Teu nepi ka junun Néni sakola di Madrasah Ibtidaiyah Jamiatul  Khoér téh, manéhna ngarasa asa aya nu kirang di sakola éta téh, mantak basa tos kanaikan kelas ka kelas opat téh manéhna ménta pindah sakola ka Bapana, manéhna hayang pindah ka SD Negeri Margamulya I nu aya na dipeuntaseun jalan raya. Ku melang tur paur ogé ahirna kolotna ngidinan Néni pindah sakola jeung ngadaftarkeun ka SDN Margamulya I nu dipikahayang ku anakna. Aya alusna Néni ménta pindah sakola harita, najan manéhna hésé rék nyesuiakeun diri boh dina palajaran atawa jeung babaturan tapi manéhna jadi boga kahayang maju siga babaturan sakolana nu leuwih pinter. Manéhna terus diajar supaya bisa siga batur ulah tinggaleun pelajaran. Ngan hanjakal kepala sakola SD nu kenal jeung bapana ngomongkeun ka bapana yén Néni téh teu tiasa maca-maca acan komo berhitung mah budak téh tinggaleun pisan pa kitu ceuk kepala sakola teh. Atuh Néni téh dicarekan ku bapana nepi ka di tés maca jeung ngitung ku bapana, tapi da émang tos bisa maca jeung ngitung naha atuh disebatkeun teu biasaeun. Tuluy Néni ingeteun yén nu teu bisa maca jeung ngitung téh babaturanana nu rambutna panjang ngaranna Héni, sigana kepala sakola téh lepat  nyebatkeun namina jadi waé nu beunangna Néni.



Mimiti asup di SD éta mémang Néni kaasup katinggalan pisan, nepi ka rapor mimitina ngan rata-rata 5,8. Manéhna asa kapacu hayang bisa jeung éra najan maca jeung ngitung geus bisa tapi élmu nu lain loba kurangna. Saeutik-saeutik manéhna maju, nilai ulangan sareng rapor aya kanaékan ti triwulan ka triwulanna. Nepi ka kelas genep manéhna bisa naékeun rata-rata rapor jeung ijazahna 7,5 angka nu kawilang alus keur ukuran manéhna da sobatna Dian jeung Héni aya dihandapeun manéhanana.



Salian ti hayang ningkatkeun prestasi, Néni ogé mimiti miluan kagiatan sakola nya éta kagiatan Pramuka, unggal Saptu soré Néni miluan waé latihan Pramuka di sakolana. Néni resep pisan kana Pramuka nepi ka Persami (Perkemahan Saptu Minggu) ogé osok miluan waé. Ku resep-resepna ka Pramuka Néni kantos miluan kemah ka Bumi Perkemahan Ranggawulung nu aya na di Kota Subang nu kawilang tebih ti bumi na, kajeun awak pangleutikna ti nu sején Néni tetep optimis yén manéhna moal bakal nyusahkeun batur, bisa miluan kemah najan jauh ti imah ogé.

Kunaon Néni nepi ka resep pisan ka Pramuka? Ku sabab di Pramuka réa nu diajarkeun keur kahirupan sapopoé, cara baris, disiplin jeung  diajar organisasi. Néni aktif di Pramuka ogé di latihan baris, mantak manéhna sok kapilih waé miluan lomba baris tingkat kécamatan nu sok diayakeunana unggal bulan Agustus keur ngisi HUT kamerdékaan RI. Najan teu jadi juara ogé tapi manéhna bungah bisa miluan jeung bisa nyokot hikmahna. Hikmah ti sok miluan Pramuka di SD téh ku manéhna diterapkeun di lingkungan imahna jeung diteruskeun di SMP.



Néni sakola di SDN Margamulya I salila 3 taun nya éta ti kelas 4 nepi ka kelas 6. Lulus SD taun 1986 kénging NEM (Nilai Ebtanas Murni) 33,34 jeung nilai ijazah rata-rata 7,5. Lumayan keur daftar ka SMPN I Sukamandi nu harita mah jadi SMP Favorit di Kécamatan Ciasem mah. Néni bisa katarima di SMP anu di impikeun ku manéhanana, teu pusing ku sobat SD Heni nu teu bisa asup ka SMPN I Sukamandi da engké ogé loba batur moal sosoranganan.



Mimiti asup SMP Néni resepeun pisan ka palajaran anyar nya éta Basa Inggris, ku hayang-hayangna bisa manéhna sok ngapalkeun waé Basa Inggris téh, hasilna lumayan manéhna bisa meunangkeun nilai 8,5 dirapor jeung bisa asup ka sapuluh besar di kelasna. Saeutik-saeutik kapercayaan dirina mimiti aya, manéhna mimiti boga prinsip ”atur bisa naha kuring teu bisa? Kuring kudu bisa!”. Prinsip éta nu nepi ka kiwari dicepeng ku Néni, nu bisa ngajadikeun sumanget pikeun dirina.



Di SMP ogé angger Néni mah masih aktif miluan kana Pramuka, malahan ditambah ku miluan PMR (Palang Merah Remaja), Paskibra, jeung paduan suara, ti kelas hiji nepi ka kelas tilu manéhna aktif di Pramuka jeung di PMR téh. Kelas 2 manéhna dipercaya jadi Seksi Pramuka di OSIS, jeung pengurus matuh di PMR. Ti taun ka taun manéhna bisa ningkatkeun prestasi najan teu nyongcolang ogé. Manéhna boga sobat lalaki nu pang pinterna saangkatan éta mah ngarana Sholeh Ma’mun nu sok ngajaran Néni mun aya pelajaran nu teu ngarti, terus jaranjian mun tos lulus teh arék neruskeun sakola ka SMAN I Subang nu Favorit sa-Kabupaten Subang. Taun 1989 Néni lulus tapi teu bisa neruskeun ka SMAN I Subang, kusabab teu meunangeun ku bapana, cenah mah teu aya biaya kanggo kost jeung biaya hirup di Subang da Asep lanceukna mimiti kuliah di Bandung nu tangtuna butuh waragad nu lain saeutik sabulan-bulanna sing karunya atuh ka bapa ceuk bapana kitu. Ku bapana di daftarkeun ka SMAN I Ciasem, Néni kuciwaeun pisan sabab kahayang manéhna teu kacumponan, Néni ngarasa di nomer dua keun ti lanceukna. Sumanget belajarna jadi nurun malah teu aya pisan, teu hayang maca-maca acan sameunang-meunang ti ngadéngekeun guru nerangkeun di kelas. Ku ukur kitu hungkul ogé bisa meunang réngking ka hiji jaba juara umum deuih, manéhna kalah seuseurian ngadéngé yén manéhna juara umum di kelas hiji téh da basa di SMP mah paling bisa ka rangking katilu pang kerenna éta téh. Asep lanceukna nu kuliah di Bandung nu sok merhatikeun perkembangan palajaran Néni, mun rék ulangan umum manéh na sok nyuratan adina ti Bandung nu isina teu pira ngan ” to be number one ok!”, tapi isi surat téh bener-bener jadi panyumanget keur Néni, tuluy Néni sumanget belajar deui ngejar jeung kudu bisa ngapertahankeun prestasi sangkan lanceukna bisa bangga ka manéhna. Naha lanceukna? Sabab Néni mikirna asa disapirakeun ku bapana, sagala-gala ngan keur Asep, nepi ka lamun rapat orang tua murid jeung nyokot rapor ogé tara dihadiran ku bapana, Néni sok menta tulung ka bapa sobatna Nani atawa ka kolotna saha waé nu kira-kira na bisa mang nyokotkeun rapor manéhna. Kulantaran éta Néni asa teu diperhatikeun ku kolotna pangpangna ku bapana, manéhna asa disapirakeun pedah anak awéwé. Hal éta pisan nu ti leuleutik nerap di manéhna, Néni boga tékad najan budak awéwé tapi manéhna bisa jalma nu aya gunana boh keur kaluarga, agama ogé keur masyarakat. Néni jadi budak anu mandiri tara ménta tulung ka batur lamun teu kadesek teuing mah.



Urang balik deui ka waktu Néni di SMP kenéh, hasil aktif di organisasi di SMP ku Néni di terapkeun di lingkungan imahna ku aktif jadi pangurus IRMA (Ikatan Remaja Masjid) Attaqwa di Jurutilu. Salian ti diajar ngaji di masjid, Néni ogé osok miluan jadi panitia penggalangan dana dina peringatan-peringatan hari besar agama Islam atawa tujuh belas agustusan. Néni sok jadi saritilawah atawa pembawa acarana malahan pernah dititah sina miluan lomba MTQ tingkat désa, padahal dina ngaji Néni teu bisaeun ngalagam ngan alus dina mahroj jeung tajwidna hungkul, lumayan wéh nilaina ogé teu goreng-goreng teuing. Mun bulan Romadhon Neni sok miluan waé tarawéhan diteruskeun ku tadarusan di masjid. Lucuna mun tarawéhan atosan Néni jeung sobatna osok nyumputkeun kohkol bedug ti barudak lalaki nu rék ngadulag mun imam to nga doa, atuh barudak téh raribut naréangan kohkol. Saking ku hayang milu tadarusan di masjid padahal di imah loba kumbaheun piring tilas buka puasa, manéhna osok ménta dibantuan ka babaturanana tuluy sakali séwang beres di imah Néni tuluy kukumbah di imah Nining, bérés kukumbah piring maranéhna marangkat ka masjid, kitu deui mun tos saur manéhna sok janjian jeung si Nining gantian kukumbah piring da hayang miluan kuliah subuh nu sok diteruskeun ku sasapédahan bari nungguan beurang.



Jeung Nining téh ti kelas dua SMP nepi ka kelas tilu SMA, sobat awéwé salian ti Nining nya éta Nina jeung Heni mun waktu di luar sakola, tapi mun di sakola nyobatna téh jeung Fia tuluy Entin. Najan lanceukna geus indekos di Subang, Néni mah angger resep ulin jeung lalaki da aya alona anu saumuran nu sok nyampeur kaimah mantak sok diidinan ku bapana, sobat awéwéna mah ngan si Nining hungkul nu sok ulin bareng téh. Lolobana babaturan Néni mah lalaki boh di sakola atawa di imah. Duka pédah ti leuleutik sok ulin waé jeung lanceukna katur babaturanana jadi nepi ka gedé ogé manehna mah resep ulin jeung lalaki. Lain arék ulin nu teu pararuguh, tapi manéhna mah néangan mangpaat boga babaturan lalaki téh, contona sifat jeung kalakuan lalaki mah tara mentingkeun emosi tapi logika nu dikahareupkeun mun aya nanaon téh, teu jiga awéwé nu sok téréh ngambek jeung ngomongkeun batur waé. Salian ti éta Néni mah asa kalindungan mun keur bareng jeung babaturanana teu aya nu ngaganggu, jeung tara pipilih deuih jeung saha waé manéhna mah bisa akrab nu penting manéhna teu ngarugikeun batur tur teu asa karugian. Pokona mah harita Néni boga pamadegan ”Lalaki bisa ngalakukeun kitu, urang ogé pasti bisa da sarua manusa” (maksudna dinu hal-hal anu positif, contona : lalaki bisa naék tangkal kalapa, Néni oge kudu bisa naék tangkal kalapa, lalaki bisa nga gitar urang ogé kudu diajar ngagitar supaya bisa, jeung réa-réa deui). 



Néni ogé kadang mah sok bingungeun ku kaayaan manéhanana, manéhna teu ngarasa geulis siga batur, teu beunghar, teu pinter-pinter teuing tapi naha barudak lalaki téh raresepeun mun geus ulin atawa ngobrol jeung manéhna. Loba babaturan awéwé boh di imah atawa di sakola nu ngarasa ngéwa ka Néni kusabab lalaki inceran manehanana kalah resep ulin atawa ngobrol jeung Néni, tapi Néni mah tara mupusing diri, istilahna mah ”cuék wéh” nu penting manéhna teu boga rasa ngéwa ka batur, tetep soméah ka saha waé ogé. Jadi inti na mah ti nu sok babarengan waé jeung babaturan lalaki Néni bisa mulungan nu alusna, manéhna bisa mandiri, bisa niheulakeun logika dibandingkeun jeung émosina, bisa nganaséhatan babaturanana jeung loba nu di jadikeun cecepengan keur hirup kahareupna. Nepi ka lulus SMA ogé Néni mah acan bogaeun kabogoh da ngarasa acan apal naon nu jadi tujuan hirup manéhna, manéhna janji saacan bisa nyenangkeun kolot jeung bisa kapanggih naon nu ditéangan ku manéhna moal waka boga kabogoh, lalaki nu dijadikeun kabogoh téh kudu bisa ngeléhkeun manéhna dinu hal naon waé ogé jeung teu hayang gunta ganti lalaki, cukup hiji keur sakali saumur hirupna. Alhamdulillah prinsip manéhna harita bisa kacumponan, ngan aya hiji lalaki hungkul di haténa nya éta nu jadi salakina ayeuna.



Urang guar laku lampah Neni mangsa di SMA, nu boga lalandihan ”si Trundul Tomboy” da buukna pondok waé siga potongan buuk lalaki ditambah laku lampahna siga lalaki. Néni lulus SMPN I Sukamandi taun 1989 tuluy didaftarkeun ku bapana ka SMAN I Ciasem lain ka SMAN I Subang siga kahayang Néni. Najan haténa handeueul tapi ahirna sakola di SMAN I Ciasem téh bisa ngukir sajarah keur hirup Neni. Ti kelas hiji manéhna geus aktif di OSIS (jadi Seksi Keagamaan) jeung di Pramuka ogé di  kagiatan olah raga (najan teu ahli tapi manéhna bisa, biasana téh sok jadi ”pelengkap penderitaan” alias cadangan da nu pamaén intina teu hadir)’



Kusabab resep ka Pramuka, Néni aktif di Pramuka ti kelas hiji nepi ka kelas tilu, ti mimiti jadi obyék penderitaan nepi ka bisa jadi pamingpinna. Dua kali manéhna miluan Gema Pramuka di Bumi Perkemahan Ranggawulung Subang, di Kelas hiji jeung kelas dua, minangkana jadi spesialis ”Cerdas Cermat Pramuka” da lumayan kanyahona di élmu Pramuka mantak mun aya lomba Pramuka kudu miluan waé. Mun Persami tara miluan jadi peserta sok panitia waé da seniorna tos arapaleun kamampuan Néni. Loba carita laku lampah manéhanana nu teu bisa leungit tina ingetan. Mantak gunakeun waktu urang ayeuna dipaké ngalakukeun hal-hal nu bener da waktu mah tara pernah balik deui terus maju, Néni ngarasa bungah jeung bangga bisa ngisi masa rumajana ku hal-hal anu positif najan teu jadi prestasi nu nyongcolang ogé, tapi keur manéhna naon wae nu pernah dilakonan mangsa harita éta téh prestasi keur ngacaan diri manéhanana, keur pangalaman hirup nu moal bakal kasampeur deui. Sakabéh pangalaman dijadikeun guru ku manéhanana, jadi cepengan keur ngajalankeun kahirupan saterusna.



Tos dicaritakeun di luhur yén salian ti aktif di Pramuka, Néni ogé aktif di OSIS, Kelas hiji manehna jadi Séksi Keagamaan nu sok jadi panitia ngayakeun paringatan hari-hari besar agama Islam keur sakolana. Kelas duana, manéhna jadi Sekretaris OSIS, ku alus na kerja sama Ketua, Sekretaris jeung Bendahara bisa ngayakeun pertandingan olah raga keur murid-murid di SMA éta. Péran manéhna jadi sekretaris bener-bener bisa ngahirupkeun kagiatan OSIS mangsa harita. Loba babaturanana nu milu kagum kana kakompakan pengurus OSIS, mantak Néni mah najan teu geulis ogé tenar boh di angkatan saluhureunana atawa  angkatan sahandapeunana, teu aya nu teu apal ka Néni da memang beda jeung batur, boga buuk pondok siga lalaki, kalakuan tomboy jeung aktif di sakola, teu guru teu murid pasti apal ka Néni zaman harita mah. Mun ayeuna panggih jeung angkatan sahandapeunana pasti ngageroanana teh ”Héy Néni trundul kamana waé geus lila teu panggih?” . Kelas tilu, manéhna jadi Ketua Dewan Sekolah nu anggotana para Ketua Kelas sa SMAN I Ciasem. Manéhna sok jadi penaséhat ka anggotana ogé ka pengurus OSIS mun keur aya masalah nu kudu diselesaikeun. Mun aya penerimaan siswa/siswi anyar pasti manéhna mah miluan jadi panitia.



Di pelajaran Néni ogé teu bodo-bodo teuing jeung teu pinter-pinter teuing tapi kusabab manéhna rajin diajar jeung boga kahayang nu kudu diwujudkeun nya manéhna satekah polah kudu bisa ngatur waktu antara sakola, kagiatan di sakola, kagiatan di lingkunagn imahna jeung kagiatan manéhanana mantuan kolotna di imah. Mun di imah, isuk-isuk manéhna kudu kukumbah piring heula, balik sakola mun teu nyeuseuhan baju nya ngalicin baju sakulawargana dituluykeun ku sasapu imah jeung buruan. Bada Magrib nepi ka Isya manéhna ngaji di Masjid, tos ngaji kakara manéhna bisa muka buku sakolana nepi ka jam sapuluhan atawa jam sabelas peuting. Mun kagiatan karang taruna jeung ikatan remaja mesjid mah di ayakeunana mun malam minggu da bisi ngaganggu kana waktu belajar.



Olah raga nu dipikaresep manéhanana teh nya éta lumpat, volley ball jeung basket. Najan teu pinter Néni pernah miluan tim sepak bola SMA na dina kompetisi sepak bola awéwé sa Kecamatan Ciasem, pernah miluan tim baskét dina kompetisi Bola Baskét antar SMA sa Kabupaten Subang, jeung pernah jadi juara dua lomba maraton sa SMA na, anu lucu mah, manéhna meunang piagam juara tenis meja ka tilu padahal teu bisaeun maénna, nya éta kusabab manéh na mah dititah naon waé ogé dilakonan demi mempertahankeun reputasi kelasna daripada di éléhkeun saacan tandang, éra parada. Tah hal-hal nu disebutna sepélé kitu téh ku Néni mah nepi ka ayeuna dijadikaeun padoman hirup, ”urang kudu bisa najan can bisa ogé, nu kitu mah da élmu nyata urang bisa diajar nepi ka bisa”.



Lulus SMA tahun 1992, meunang predikat ”lulusan terbaik dengan nilai NEM dan Ijazah paling tinggi” di SMA na, teu ngajadikeun Néni bungah amarwata suta, kalah ka bingung kudu kamana nya lampah satuluyna, da mun dibandingkeun jeung sobat SMP manéhna nu sakola di SMAN I Subang mah jauh tanah ka langit mantak manéhna ngarasa bingung kudu kamana nya daftar kuliah sedengkeun nu ngaranna kuliah butuh waragad nu lain saeutik jaba lanceukna ogé kuliah kénéh, tada teuing lieurna meureun kolot mikiran waragad keur sakola. Manéhna tuluy néangan informasi universitas mana nu bisa waragadna teu gedé teuing, rék miluan ka STAN (Sekolah Tinggi Akuntansi Negara) teu bisa da nilai NEM matematikana kurang,  teu disangka keur nonton TV manéhna ningali iklan penerimaan mahasiswa baru di STPDN (Sekolah Tinggi Pemerintahan Dalam Negeri) anu syarat-syaratna sakitu lobana jeung manéhna asup dina standar calon pendaftar, ikatan dinas deui pikirna kan lumayan bapana moal loba teuing ngaluarkeun biaya keur manéhanana. Dibarengan ku percaya diri jeung doa ti kolot manéhna miluan tes di STPDN aya lima kalina manéhna miluan tes teh, dasar lain milik, Néni teu lulus nu lulus ngan saurang ti Kabupaten Subang ti 9 urang nu daftar. Ancur haté Néni barang apal manéhna teu lulus, nepi ka gering pilek teu cageur-cageur tilu bulan ngan ngahuleng waé asa ngimpi. Tapi manéhna teu putus harepan, manéhna miluan UMPTN daftarna ka UNPAD jeung IPB, dasar lain milik deui waé, najan dua kali miluan ogé angger teu lulus. Néni bingung kudu kamana nya kuliah, mun diswasta pasti mahal waragadna karunya bapana, mun teu kuliah bapana ninitah waé kuliah, ahirna Néni mutuskeun rék digawé waé heula ké mun geus boga panghasilan rék nuluykeun kuliah dimana waé nu penting bisa kuliah nyugemakeun kolot jeung bisa nunjang kana karir pagawéan.



Sanggeus nganggur salila dua taun ahirna Néni ngalamar digawé bari ngantongan ijazah SMA jeung ijazasah kursus ngetik jeung komputer. Ngalamar ka Perusahaan di Jakarta jeung di Purwakarta ditarima jadi pagawé pabrik, Néni mikir teu nanaon nu penting bisa digawé heula néangan pangalaman. Na kakara oge Senén rék indit ka Purwakarta eh lanceukna Asep kacilakaan di Lembang, atuh lain digawé Senén téh kalah ngurusan lanceuk di Rumah sakit di Bandung. Sanggeus lanceukna séhat Néni miluan ngalamar ka HOOK’S Fast Food di Cikarang Bekasi, katarima jadi crew lobby nu bagian nganteurkeun kadaharan jeung beberesih lokasi digawé. Ku Néni dilakonan ku kabungah haté da resep bisa kapanggih jeung urang luar negeri jadi bisa ngapraktékkeun basa Inggrisna nu hampir kapopohokeun.



Teu lila di gawé di HOOK’s teh kusabab parusahanana diganti manajemenna jadi Wendy’s atuh sakabéh karyawan téh diparecatan da hayang nu alanyar pagawéna. Eureun ti dinya ngalamar ka Matahari Departement Strore, katarima jadi Stan girl TRISET di Matatahari Cikarang, ngan kuat dua poé digawéna da ngan huléng jentul jeung nilepan pakéan waé asa na teu aya tantangan jeung cangkeul nangtung waé teu puguh cabak. Kaluar ti dinya ngalamar ka PT Sanyo Industries nu nyieunan Kulkas, katarima jadi kuli pabrik nu mimitina purah masang-masangkeun panto kulkas, lila ka lila sakabéh pagawéan di bagian manéhanana jadi bisa kacabak jeung ahli, mantak urang Jepangna mun aya pagawé nu teu asup nya Néni purah ngagantianana da dianggap mampu. Di Sanyo, Néni kawilang tenar boh ku babaturan kerjana ogé ku urang Jepang. Ku urang Jepang na Néni kaasup nilaina alus, ti sapabrik manéhna kaasup sapuluh karyawan teladan nu gajih pokona ogé nyaruaan jeung atasan manéhanana nu tos digawé puluhan taun. Kunaon bisa kitu? Lantaran ku karajinan Néni mun keur teu aya pagawéan naon waé nu mampu di gawéan nya digawéan ku manéhna, hal éta pisan nu ku urang Jepang di nilai téh.

Tah basa Néni digawe di Cikarang, Néni panggih jeung Andri Maulana nu tepi ka kiwari jadi salakina. Andri digawé di Hotel Citra Inn, tatangga kontrakannana, kusabab jalmana bageur nya luluh ogé haté Néni daék jadi kabogohna Andri. Lima taun silih ngenalkeun diri. Kaping 15 Nopember 1999 Néni nikah sareng Andri, éta ogé saatos Néni lulus jadi Pagawé negeri di kabupaten Subang.



Ti saprak digawé di Cikarang, Néni tara telat miluan tes penerimaan CPNS di kabupaten Subang, tilu kali gagal nu kaopatna taun 1998 alhamdulillah lulus ditempatkeun di Kantor Mawil Hansip Kabupaten Subang . Tuluy kaluar digawé di Sanyo na, pindah ka Subang.



Ayeuna Néni tos gaduh putra dua sadayana istri, nu kahiji namina Arini Ratnasari, nu kadua Kintan Dyah Astuti. Néni digawé bari jeung ngurus rumah tangga teu dibantuan ku rencang, sagala pagawéan imah dipigawé ku sorangan ngan éta ogé osok salakina mantuan. Néni kakara bisa nuluy keun sakolana saatos bapa ngantunkeun, taun 2008 Néni lebet ka Unsub nyandak jurusan Administrasi Publik, Sidang akademikna tanggal 29 Desember 2012, teras di wisuda bulan Januari 2013, hasil kuliahna lumayan predikat cumlaude.



Neni ngarasa bongbong geus bisa ngalaksanakeun amanat kolotna terutama bapana, nu ninitah waé nungtut ilmu di bangku universitas. Néni ayeuna di gawé kenéh di Kantor Kesatuan Bangsa dan Perlindungan Masyarakat Kabupaten Subang jadi Verifikatur Internal dihandapeun Ka Subag Tata Usaha.



Sakitu nu tiasa ka pihatur, hapunten bilih aya nu kacawad da mung sakitu buktosna, éta ogé dicandak nu garis besarna hungkul. Cag.

0 komentar:

Posting Komentar